Tatang masih terus ngabugeug, dadana ngarasa eungap, kabingung ngabendung, bingung kumaha mecahkeunana. Empat leungit teu puguh losna, boa keur di leuweung asruk-asrukan teu nyaho jalan, heg teh katinggang pangpung, ditekuk maung, boa kapanggih ku lalaki durjana dirogahala ........... „Emh!” Tatang ngarahuh.
Manehna ngareret ka Kasim nu keur ngaheruk tungkul. Pkiranana ngalayang nanya kumaha ngaturna Kasim, di mana picicingeunana, ti mana daharna, sabab tangtu teu bisa mulang deui ka kontrak. Upama Kasim sina milu jeung manehna, kapan manehna oge indekos di Uana nu jadi Kepala Gudang di kantor De Kock Spaarkes, mangkaning saha nu bakal nyaho yen lamun bapana atawa ibuna datang ka Uana. Ana heg kapanggih Kasim aya, meureun dibawa deui ka kontrak. Ana dibawa deui ka kontrak tangtu kanyahoan ku Anom Anton. Kasim di tangkep. Nepi ka lebah dieu Tatang ngucapkeun „...... Emh!” bari ngarahuh deui.
Manehna inget deui ka Emana Empat nunggelis ditinggalkeun ku anak jeung salakina, saban poe tangtu ngarep-ngarep datangna atawa bejana di mana ayana Empat. Eta oge jadi pikiraneun Tatang.
Bulak-balik pikiran Tatang diaduk ku jeung kumaha mereskeunana hal Kasim, hal Emana Empat jeung baluweng di mana jeung kumaha nasibna Empat.
Ku bawaning beak karep bingung, Tatang nangkeup sirahna.
„Kumaha atup Cep?” Kasim nanya deui, nu ti tadi nunggu jawaban.
„Ayeuna kieu heula atuh, Mang!” Cek Tatang cengkat. „Sakola abdi nu tadi tea ayeuna mah tos tutup, urang ka ditu deui, Emang ku abdi bade diwiatkeun di ditu, di Emang - Jaga Sakola, wayahna kulem di ditu ngagoler dina bangku, saterasna kumaha enjing bae, ayeuna mah ampun, butek. Piraku enjing mah teu kenging bongbolongan .......... Samemehna ka ditu Emang tuang heula tuh, geuning aya soto.”
„Entong ah, Cep! Teu hayang neda."
„Piraku sakitu ti enjing..........!"