„Entong ah! Engke bae di ditu, ayeuna mah teu acan lapar.”
Kaharti ku Tatang, teu lapar soteh tina ku bawaning bimbang.
Kasim sina tumpak sado, dituturkeun ku Tatang pandeuri dina karetamesin?
Sadatangna ka sakola, Kasim dititipkeun ka Emang Jaga sakola, lain bae supaya ditarima mondokna, oge supaya disuguhan dahar, Emang Jaga-sakola dibere duit satalen ku Tatang minangka keur ngabanjel-banjel nyuguhan.
Isukna Kasim ngarasa badanna bareurat nepi ka teu kuat hudang-hudang acan. Sirahna rocop lieur jeung balideg. Waktu Tatang ngalongok ka dinya, memeh asup ka sakola, menta tulung ka Emang Jagasakola supaya dipangmeulikeun aspirin Bayer.
Ngan tilu poe Kasim geringna. Gering lantaran urut leumpang ditambah ku kurang sare bingbang jeung hariwang mikiran di mana ayana Empat.
Kaopat poena Kasim nyarita ka Tatang cenah rek meakeun kapanasaran, kota rek diubek susuganan Empat kapanggih.
Maksud Kasim kitu ku Tatang teu dicegah, malah sasat dihucuhkeun, ngan diwawadian ulah waka jauh-jauh bisi sasab sarta diwawadian paling elat tengah poe kudu geus mulang deui. Tatang oge jangji yen manehna sabada kaluar ti sakola rek nguriling dina karetamesin nepi ka peuting neangan Empat,
Saban isuk sanggeusna sasarap bareng jeung Jagasakola, Kasim indit nurutkeun ka mana karepna gerentesing hate mapay-mapay jalan sarta di manakatenjo aya budak awewe nu sapantar jeung Empat, leumpangna digancangan. Ana dideukeutan lain deui lain deui.
Sakapeung dina poe Minggu mah sok dibarengan ku Emang Bujangsakola, nu ditujuna teh pasar, dipapantes Empat sadatangna ka kota teh aya nu miara jadi lanjang sarta sok dititah ka pasar ku dununganana, tapi saban beungeut nu aya di pasar, ratusan lain Empat keneh bae. Teu ieu sugan itu, ieu lain itu lain. Kasim ngan bati ngarahuh.
Tatang mah bisa suat-siet ka ditu ka dieu dina enggoning neanganana teh da make karetamesin. Saban aya nu ngariung-