riung dideukeutan, nu katenjo ti kajauhan jiga Empat buru-buru diudag. Gok lain gok lain.
Sore sok megat di lawang karcis bioskop. Tatang timburu, pantesna teh Empat sadatangna ka Dayeuh, da Empat teh budak awewe pantes, heg kapanggih ku lalaki, dibawa pelesir lalajo ka bioskop. Nangtung bari ngawas-ngawas nu asup, nepi ka bisi tadi Kurang awas, dicoba dipegat deui dina waktu Kaluarna. Ku ajaman mun kapanggih keur digandeng ku lalaki, kajeun lalaki jembrosan, Empat rek dicerek, urusan gelut kuma engke.
Kabeh bioskop geus dipapay, weleh teu papanggih.
Ka kebonbinatang oge dina poe Minggu geus diteang sababaraha kali, Nyi Empat tetep ngan ukur aya dina kalangkang.
Datang pikiran sangkaan Empat datangna ka Dayeuh, keur lumbang-limbung bingung, kapanggih ku Centeng, Empat jadi Ungkluk, jadi Lonte, atuh saban-saban tempat Ungkluk didatangan, malah make ditanyakeun. Kumaha lamun heg enya, Nyi Empat jadi Ungkluk, jadi Lonte, Tatang geus teu bisa nimbang rek dikumahakeun: „urusan kumaha engke” cenah, „ieu mah asal bisa kapanggih bae heula.”
Tatang inget, sok aya beja cenah „werek”, nya eta jelema nu sok ngolo-ngolo ku rupa barang jeung harta, sarta sing saha nu kabengbat bakal dikirim ka Deli, di dituna jadi kuli kontrak. Manehna nyaho gegedugna werek teh tuan Palmerah, oge nyaho tempatna jelema-jelema nu beunang ngawerek teh dikumpulkeun. Bisi enya Empat beunang ku werek tea, Tatang ngajugjug kana tempatna, sarta lamun perlu ditebus sabaraha oge bakal dibayar.
Di tempat ungkluk lapur, dipangereman jelema-jelema nu rek di ka Delikeun oge taya laratanana.
Beh poe, ti Senen ka Senen saminggu. Opat kalima minggu jadi sabulan, jadi dua, tilu, opat lima bulan ........
Dada eungap ku basa nahan ambekan rumahuh ku bingung, tatanya ti manehna ka manehna nu teu kendat-kendat. „Di mana atuh Empat teh? Mun hirup atuh sing puguh dumukna, mun geus taya kieuna hayang terang di mana kuburanana; rek ditempo, rek dilongok, rek disiraman diawuran kembang tujuh rupa.”