Beh poe lungse cape, nyangkere mepende hate, dalah dikumahakeun, boh akal boh tarekah geus dibeakeun. Tapi teu jempe ku di pepende. Empat keukeuh kokolebatan, nembongan dina alam narawangan.
Ceuk beja aya dukun lepus, bisa nujum dina kuku, bisa kanyahoan di mana ayeuna, saliring dumadi kaciri cara dina layar bioskop. Empat oge bisa terang, mun cicing di mana cicingna, mun nyumput puguh dumukna, bisa diteang bisa kapanggih. Ku kituna eta beja teh ku Tatang jeung Kasim henteu diliwat, terus dijugjug kalawan mawa sarat sapuratina naon-naon nurutkeun sakumaha carita nu ngabejaan. Hasilna nihil deui bae. Dina kuku nu biasana cenah sok saperti dina layar bioskop teh lebeng, bureng, malah poek mongkleng ...............Nyi Empat teu katembong ngolebat.
Laku buntu, akal teu mental, taya jalan anu molongpong geusan manggihan Nyi Empat, tungtung bingung sadrah lilah masrahkeun ka Pangeran, ngan Gusti nu bakal uninga sagala galana. Anjeuna nu Kawasa. Kasim misit diri, ngisat awakna, matigeni tilu poe tilu peuting. Ceuk beja nu geus ngalaman tatapa, engke bakal aya ilapat „pituduh”, nu bakal mukakeun naon-naon nu dimaksud. Ku leungitna Empat oge tangtu bakal aya nu nuduhkeun.
Tamat tilu poe tilu peuting numpi, nangkarak di kamar, teu hararahan cai sakeclak, sangu sakeupeul, panto kamar dibuka ku Tatang, hayang nyaho kumaha balukarna.
„Kumaha Mang?” Tatang nanya lalaunan.”
„Numawi Cep, lebeng. Kalah Emana Empat nu nembongan,” jawab Kasim.
„Kumaha cenah?”
„Hayang dipapagkeun. Parantos teu kiat nyorangan di kontrak. Anom Anton meueus-meueus dongkap nanaroskeun Empat.”
„Sumuhun Mang! Keun ku abdi urang akalan supados tiasa ka dieu. Tos ayeuna mah urang ngariung mungpulung urang heula bae di Dayeuh, sugan engke di mana Ema tos di dieu, Empat tiasa kapendak.”