Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Sumuhun atuh Cep! Da upami Emang mios ka kontrak mah sami bae sareng lauk asup kana bubu, atanapi nyampeurkeun buaya calangap.”

„Sumuhun! Keun kuma abdi urusan Ema mah.”

Saminggu ti harita Emana Empat ku ihtiarna Tatang geus aya di Dayeuh.

Ceuk Emana Empat bisana datang ka Dayeuh teh poe Minggu Cecep datang ka imahna rerencepan, ngabejaan yen Kasim aya di Dayeuh. Manehna di jangjian yen poe Senen isuk-isuk pìsan kudu geus ngadagoan di tungturan ‘Citarugtug, sarta di mana engke aya mobil gorobag nu dieusi peti enteh, supaya dieureunkeun, nya milu ka dinya. Dina eta mobil teh aya Cep Tatang.

Bareng jeung .Cep Tatang ka Dayeuh, dibawa nepungan Kasim.

Bungah, geus genep katujuh bulanna Kasim jeung Emana Empat papisah bisa tepung ngariung deui. Katurug-turug enggoning tepungna deui teh Kasim geus tanjrih hirupna, da geus sabulan sanggeus manehna daek ngabantu Emang Bujangsakola, meresihan pakarangan ngatur pepelakan, mapas jukut, manehna diangkat ku Direktur Sakola jadi tukang kebon kalawan meunang gaji genep rupia sabulan, sarta diidinan cicing dina adegan tukang, sakamar sewang jeung Emang Bujang sakola tea.

Kasim jeung pamajikanana tetap tumetep di Dayeuh jadi Bujangsakola, sarta geusan nambah-nambah kaperluanana pamajikanana sok dagang lotek make leupeut dibeulian ku Sinyoh-sinyoh jeung Enon-enon murid Sakola Milo.

Sakali mangsa poe Minggu isuk-isuk. Tatang datang ka Kasim.

„Bade ngalotek Cep!” Ceuk Emana Empat.

„Ah henteu, Ma! ........ Mun Empat mah nu ngalotekna bade wae.....!”

„Emh sumuhun,” ngahelas. „Di mana atuh nya Cep, Empat teh?”


73