IV
BARENG jeung melekna srangenge wetan, manehna jut turun tina golodog ka buruan. Awewe nu umurna tengah tuwuh make kimono ngarundaykeun buuk, sisir nyelap dina buuk lebah embun-embunan. Rarat-reret ka kenca ka katuhu taya jalma saurang-urang acan, nu biasana dina wayah kitu teh ngabaku bujangna sok keur nyiraman kekembangan diburuan jeung dina pot-pot ngabaris hareupeun imahna.
„Saran! Saran!” Manehna ngageroan, „Masih keneh molor sia teh, hah!”
Nu digeroan nyampeurkeun, teu kaget da geus kitu adatna.
„leu abdi, Ibu Eneng!”
„Kukara hudang? Hayoh siraman tuh kembang ros nu di juru, Tuh! hayam deuih geus recok hayang diparaban! Tah, meri geus kokoekan deuih! Hudang teh kawas Raja bae!”
„Da parantos disiraman sadayana oge.........”
„Hah! Heueuh geuwat paraban hayam jeung bebek!”
„Huutna panas keneh. Sakedap deui!”
„Newak hayam hiji nu jajangkar, heg peuncit! Ngarungkup lauk lima mah nu sagede bitis. Engke rek aya tamu juragan Camat. Rek ngadon tuang jeung istrina ............. Sing bareresih deuih! Kolong-kolong sapuan! Pamajikan maneh sina ngundeur lalab seupaneun! ............ Min! Min! Mimin! Geura bukaan jandela! Kebutan di kamar! Sasapu sing beresih! Ramat-ramat lancah piceunan! Korsi, meja lomari, bupet elap, sing harerang ....... Rek aya tamu, juragan Camat.”
„Euleuh eta parentah mani merul kitu!” cek Saran ngomong lalaunan bari seuri leutik, mawa sapunyere ka kandang hayam.
Ibu Eneng tuluy leumpang ka tukangeun imah, ngajanteng ngagandong leungeun sisi balong nenjoan lauk emas kumpay ting garebay nyalampeurkeun ngawilujengkeun dunungan bari ngarep-ngarep parab.