„Saran! Bawa huut parab lauk!?”
„Mangga! Engke, ieu hayam teu acan diparab sadayana.”
„Misnah! Misnah! Mana pamajikan meneh Saran! Ngajedog bae, bawa parab lauk ka dieu kituh!”
„Aduh eta mah menak,” gerendeng Saran,” abong menak pupulasan!”
„Enya, abong urut Nyai-nyai Tuan,” Cek Misnah.
„His, ulah tarik teuing bisi kadengeeun!”
„Atuh da enya, mani teu bisa pisan minge, ieu can anggeus geus goak deui marentah migawe nu sejen.....”
„Misnah! Sia teh torek?”
„Tah, geus sosoak deui. Geuwat atuh!” cek Saran ka pamajikanana.
Misnah buru-buru, satengah lumpat nyampeurkeun Ibu Eneng.
„Awuran ka dinyah!” Ibu Eneng terus diuk dina bangku sisi balong beulah wetan, bari moe tonggong nenjo lauk ranghap nyaplukan huut nu ngarambang.
„Ka Neng Mimin, cikopi keur Eneng bawa ka dieu kituh! Sakalian jeung beuleum ulenna, Eneng palay ngaleueut di dieu.”
„Mangga!” Jawab Misnah.
Ibu Eneng teh urut Nyai-nyai tuan Susman, Kawasa Kontrak Gunung Surandil.
Disebut Ibu Eneng teh sanggeusrnia jadi Nyai-nyai, da tadina mah ngaranna teh Nyi Suminah anak tua kampung Lemburawi, kungsi jadi ronggeng ketuktilu sagala.
Tapi dasar awewe gede milikna, bubuhan boga rupa deuih, ditambah kapan eta karang nu di tengah antara halisna teh, lain karang bawa ti asal, eta mah karang jieunan, ditusuk dieusian, emas, nu meunang netel ku keris-pusaka, mawa watek dipiasih ku lalaki. Da Juragan Kawasa oge cenah, barang ret ka Nyi Suminah, seredet bae hatena kapelet ku cahaya karang nu dina tarang nepi ka dijieun Nyai-nyai.
Aya deui leuwihna batan awewe nu jadi Nyai-nyai teh. Teu kurang-kurang Nyai-nyai sanggeusna dilepas ku Tuanna teh hirupna ripuh da teu mikirkeun bawaeun kolot. Komo dina jaman