Jepang asup, Walanda-Walanda ditangkepan, atuh Nyai-nyaina oge loba nu balik ngagilincing, paribasa ngan mawa sakur nu napel dina awak. Ari Nyi Suminah mah pinter, menta dipangmeulikeun sawah, dipangnyieunkeun imah jeung karangna, atuh waktu tuan Susman ditangkep teh, balikna nya ka imah nu ayeuna dicicingan, imah panggung digebyog, sigrong, kumplit jeung parabotna, teu beda jeung paparabotan imah Wadana. Satukangeunana aya balong, caina hirup. Pakaranganana lega dipelakan ku bubuahan jeung sayuran, da tina cauna oge, jaba ti bisa ngajual teh, tara luput cucimulut cau atawa gedang. Miara hayam jeung meri, tara teu dahar endog sapoe dua. Pendekna hirupna Nyi Suminah teh bari jeung royal ceuk urang kampung mah, estu kabadanan.
Nyi Suminah jadi Ibu Eneng, sanajan geus teu jadi Nyai-nyai, sangkan langgeng Enengna, nya ku jalan ngadeukeutan menak, nepi ka ti mimiti tua kampung, Lurah jeung juragan Camat remen daratang tur dihormat-hormat dileueutkeun, dituangkeun kadang-kadang di mana marulihna teh sok dibahanan. Ku kaseundeuhan para menak kapan nu teu nyaho bebeletekanana mah pada nyangka, yen Nyi Suminah teh masih terah menak.
Ku kituna ngaran „Ibu Eneng” bisa tetap diagem, taya jelema nu cucungah kumawani nyebut Nyi Suminah.
Keur mulasara kebonna jeung ngurus ingon-ingonna nya ngukut bujang, Saran, dibantu ku pamajikanana selang-selang tina ngurus urusan dapur. Saran jeung pamajikanana dipangyieunkeun imah leutik di tukang teu jauh ti kandang hayam, deukeut balong.
Nu ngurus beberes di imah, ayeuna aya Neng Mimin, awewe meujeuhna, kewes tur pantes, cenah mah alona Ibu Eneng.
Nurutkeun caritana tuakampung, kokolot di eta kampung nu katelahna kampung Tepangsono, eta Neng Mimin dipiarana ku Ibu Eneng teh, masih kasebut budak keneh.
Harita Ibu Eneng acan lila cicingna di imah nu ayeuna teh. Eta bae, ti samemeh Jepang, malah ibuna oge, ibuna Ibu Eneng masih jumeneng, da maotna lantaran kareuwasan ku bom Jepang. Tah harita datangna neng Mimin ka Ibu Eneng teh.
Barang datang mah, malah opat lima bulan, Neng Mimin