Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

taya nu nyangka alona, disangkana teh bujang anyar bae, da atuh estu digawekeun dibelekesekeun pisan. Ngepel, nyapu, ka dapur, ngawur hayam. Ah, pendekna mah teu pantes mun eta teh alona. Basana oge lain Eneng, tapi si Emin.

Ari karesepna Ibu Eneng, Kapan urut ronggeng tea, di imahna aya kacapi jeung bisa ngacapi deuih, kumplit jeung ngahariringna. Selang-selang tina marentah digawe, da ti sanggeusna jadi Nyai-nyai mah tara teh teuing daek baranggawe, Sagala anggeus ku nitah, cukup ku tunjuk, nya sok ngacapi bari ngahariring sorangan.

Sakali mangsa, harita keur meujeuhna caang bulan, kira wanci Isa, Ibu Eneng nu keur ngabaheuhay nangkarak bengkang dina korsi panjang di tepas tukang, ngong aya sora nu ngahariring diiring ku jentrengna sora kacapi.

Asa-asa, tapi terus cengkat, ceulina didengekeun nanya ti mana datangna sora ......... Sora nu beda ti sora manehna.

Keteyep leumpang lalaunan, turun ti imahna, da sora teh geuning di tukang teu jauh.

Diintip disidik-sidik, dina bangku aya nu diuk sidengdang nenjo kana bulan, ngalahun kacapi............... „Geuning si Emin!” cek gerentes hatena Ibu Eneng, ............. Aya sora gahar kitu! Teu sangka.

Nya ti harita Ibu Eneng manggih pangabeukina lain bae dihuapkeun ku sorangan, dipake mepende hate, ngabrangbrangkeun nu keur ngabarungsinang, tapi oge ditembrakkeun dipake susuguh tamu, sok ngahaja ngondangan, henteu nyaah ka susuguh, suka bungah, jaba ti bareng jeung semah ngadengekeun sora Mimin, oge anu tangtu bakal leuwih bungah ku pamujina ki semah.

Pabeja-beja, pacarita-carita, Ibu Eneng boga alo ngeunah sorana, leuwih ngeunah batan Ibu Eneng, ayeuna mah Mimin teh sok ditanggap di juragan Camat, di juragan Lurah, di mana-mana, tapi tacan kaluar ti desa eta. Sakalieun mun Mimin diondang, Ibu Eneng tara tinggaleun.

Nya ti harita pisan mimiti Ibu Eneng nyebut Neng Mimin, sarta teu kungsi lila, waktu juragan Lurah riungan bari nanggap

77