Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tembang Neng Mimin, lembur Babakan eta teh dingaranan Babakan Tepangsono, sanggeus Neng Mimin nembangkeun lagu Tepangsono.

Lagu-lagu nu harita ditembangkeun ku Neng Mimin, nepi ka jadi kacapangan barudak, nyaeta lagu: Es lilin ...............

Es lilin mah, didorong-dorong,
Dibawa mah, Agan ka Pasarbaru,
................

Aya deui lagu heureuy, tapi jadi loba sungut nu
nurutan.

Sapatu butut Agan! ti Rancaekek,
Ulah camerut Agan! bisi dicekek
...................

Euweuh Neng Mimin dua, keur mah boga sora emas, katambah ngora keneh.
Naha randa atawa parawan, jadi pertanyaan para-lalaki nu teu kaop nenjo rindat. Teu nyahoeun yen rindat jeung kelet Neng Mimin mah dina keur tembang teh lain rindat atawa kelet bogoh, tapi rindat bakat, kelet nu geus nempel ti ajalina. Mun imut jiga nu ngirut, jiga enya nu misono, jiga enya nu merean, tapi ......, ey! Rea jajaka nu kabekok, kaeraan. Ku talajak Neng Mimin lindeuk-lindeuk japati, ditewak mah lingas, loba duda nu karoroncodan. Ngadu semu henteu laku, hade pake teu dipalire, jangjawokan, jampe asihan kinasihan cambal teu mental keur mikat Neng Mimin mah. Dikait ku ringgit sangkan Neng Mimin bisa kabeulit, sadrah lilah tumut sakersa........... „Duh, dunungar! Mugi ulah rengat manah, ulah bendu, Neng Mimin teh tos aya anu kagungan.”

Untung Ibu Eneng, jadi rea baraya loba sobat. Teu kurang-kurang nu barang kirim.

Ibu Eneng, sanajan geus kasebut boga umur, kolot oge kolotkalapa cenah, saban poe dipale, dibalur dipiara diropea, tara luput nginum jajamu, ku kaseundeuhan tea tamu, jiwa baheula hudang deui, rengkak-tingkah, rengut semu tempo-tempo ngaleuwihan nu ngora. Karesep nu geus lila karendem,

78