ayeuna kaboker deui. Sanggeusna aya pangrojok tinu sakaresep, terus ngadegkeun „tunil”, sarta sakaligus dingaranan „tunil Sunda Ibu Eneng” Ari nu jadi panghareupna atawa sripanggungna nya Neng Mimin.
Ti lembur ka lembur, ti desa ieu pindah ka desa itu, dina malem pasar „Tunil Sunda Ibu Eneng” muter manggung. Sakur nu lalajo mayar limasen jeung saketip minangka kelas hijina. Nya mokaha oge nu milu maen teh bisa kabagian aya limaketip, sarupiana nurutkeun tahapan pangabisana, malah bagian Neng Mimin mah nu jadi Sripanggungna nepi ka sok kabagian lima rupiana.
„Tunil Sunda Ibu Eneng” beuki lila beuki maju, komo sanggeusna aya bantuan ti Bang Miun urang Batawi, nu boga pangalaman „lenong”, boh caritana boh wandana enggoning meta-ngolahna, beuki rame beuki mashur bae.
Lengkahna beuki lega, tapi masih acan wani ka Kota, tacan mampuh mun kudu pahareup-hareup jeung Opera Miss Ribut, atawa Dardanella.
Dina jaman Jepang, Tunil Sunda Ibu Eneng ngaranna diganti jadi Sandiwara Sunda Miss Eneng.
Nu jadi sutradarana tetep Bang Miun keneh, da ayeuna mah Bang Miun teh geus jadi salakina Ibu Eneng.
Sawaktu-waktu mun kabeneran aya lalakon nu make lalaki atawa awewe kolot, Bang Miun jeung Ibu Eneng sok milu maen.
Dina jaman Jepang, sandiwara teh meunang sumbangan ti Pamarentah Jepang, Pamarentah Dai Nippon, nya dijadikeun bahan propaganda kaagungan Jepang jeung pangreuah-reuah Rahayat nu umumna dina jaman eta geus aya nu marake samping kadut jeung aya nu ngadahar bonggol cau.
Atuh, sandiwara Miss Eneng oge jadi beuki hade wae boh layarna, dekorasina jeung papakeanana. Jumlah pamaen Jeung nayagana aya tilupuluhna.
Katambah boga bodor nu bisa narik-seuri para nu lalajo, da kakara oge ngelol kana panggung, nu lalajo geus ear sareuri.
Bari meta, bari lewa-lewe ngarah pikaseurieun, si Bodor tembang, laguna lagu sakatimuna si Bodor, tapi ahirna jadi