Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

V

„TEKANE babantu saka Nusa Tembini, kakulitan jenar dedeg cebol kapalang, hiku kang bakal ngebroki tanah Jawa kene. Pangrehe mung saumur jagong suwene, nuli boyong nyang negarane dewe Nusa Tembini. Tanah Jawa balik asale sekawit, bali nyang putra-putrining tanah Jawa.”

Kitu caturna sabagian dina tulisan Jayabaya mun pisun-daeunana mah kira-kira: „Datang nu mantuan ti Pulo Tembini, rupa kulitna koneng, dedeg-pangadegna cabol kapalang, nya jeu pisan nu bakal ngorobokan tanah Jawa, tapi teu lila ngan saumur jagong. Ti dinya marulang deui ka nagarana pulo Tembini. Tanah Jawa balik ka asalna deui, diheuyeuk ku putra-putri Tanah Jawana sorangan.”

Lebah dieu pisan dilarapkeunana ku nu nitenan tulisan Jayabaya „Indonesia Merdika tanggal 17 Agustus 1945” teh.

Sanggeusna tulisan Jayabaya mnerangkeun sakumaha nu ditulis di luhur ieu, ditungtungan ku tulisan nu unina kieu: Tutuge jangka lan weca hingsun wasitani.......... TEBU SAUYUN, ANA WEDON SOKO LOR-KULON AKEMUL MORI PUTIH, ATEKEN TEBU WULUNG wis batangen dewe wasitaningsun hiku.”

Basa Sundana kieu: Dina pungkasan jangka ieu, kaula mere weweling ku perlambang .......... tiwu sadapur, aya kabobongkong (ririwa), ti tatar Kaler-kulon, diharudum lawon bodas, diiteuk tiwuwulung (hideung). Pek geura palikiran sorangan naon pihartieunana.

Enya wacis, weruh saduruning winara nyaho ti samemeh kajadian teh terang naon nu bakal datang. Buktina, geuning sanggeusna tanah Jawa balik deui ka asalna, nya ti leungeun Jepang, atuh nagara urang merdeka tea, na ana kurunyung teh sagolongan bangsana, golongan panjajah, perlambangna tiwu sadapur. Aya bobongkong ti tatar-kaler-kulon, ari bobongkong

81