Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh nya ririwa tea, nu geus paeh hirup deui. Kapan Walanda teh nu geus ngajajah datang deui nya teu beda jeung ririwa datangna deui ka urang teh. Diharudum lawon bodas, kapan dina datangna deui teh nyalindung ka Inggris. Cenah diiteuk tebuwulung. Lain Inggris nu disalindungan ku Walanda datangna ka dieu mawa soldadu Gurkha nu kulit ka beungeut-beungeutna hideung?

Inggris nu ngaharudumanana balik katut jeung Gurkhana, nya ninggalkeun bobongkong Walanda.

Indonesia nu geus merdeka rek direbut deui, rek dijajah deui maksudna mah.

Urang sarerea cancut taliwanda, prung tarung adu telu ampar tiga perang jeung Walanda geusan mageuhan kamerdikaan.

Musuh ripuh, atuh urang oge mangpirang-pirang nu jadi korban......tug nepi ka tuan 1949.

Puluh, ratus, rebu nu gugur di Tegal Kurupati, di lapang Perjoangan, nepi ka Walanda teu nyanggapulia, marulang ka nagarana, Indonesia tetep merdeka.

Rebuan nu jadi korban, oge harita rebuan nu teu pipilueun perang tapi jadi korban, ti antarana Ibu Eneng atawa Miss Eneng katut kabawa dikubur lantaran kabanting ku pecahan pelor mariem nu geus dijegurkeun ku Walanda waktu ngusir Gerilyawan di Bandung beulah Kidul-Kulon.

Di kampung Tepangsono sanggeusna Ibu Eneng tilar dunya kari duaan, nyaeta: „Neng Mimin jeung Bang Miun.

„Min! Neng Emin,” cek Bang Miun sakali mangsa ngomong. „Urang teh moal hade kieu bae. Kaperluan sapopoe geus nyosok jero kieu. Piraku kudu terus-terusan ka-pa-ende bae atawa jualjaar, terus ngaluarkeun, ngahasilkeun henteu ........ Ayeuna Tunil Sunda, urang hirupkeun deui. Bahanna sawareh aya keneh. Pibatureun kawasna masih rempeg keneh, malah bisa ditambahan ku barudak-barudak ayeuna nu kakara mekar. urang robah, cara jeung gayana nu cocog jeung jaman ....., jaman merdeka. Tunil, pan ayeuna mah geus diganti jadi „Sandiwara”. Jadi Tunil Sunda Miss Eneng, atuh da Ibu Eneng tos taya di kieuna, kumaha

82