Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mun „Sandiwara Sunda Mimin."

„Entong Bang! Entong Mimin! Itung-itung tali-panginget-nginget, katurug-turug eta nu asal boga pokal, nya Ibu Eneng, cek Mimin mah, jenengan Eneng kudu terus hirup.

Sandiwara Sunda. . . . . Miss na piceun, diganti Ibu, jadi: „Sandiwara Sunda Ibu Eneng."

„Bener!" Cek Bang Miun, ngahelas inget ka nu geus taya di kieuna ...... „Eh! Mun si Jenat aya, meureun urang badami teh tiluan, Mun aya ngariung ayeuna, manehna bisa muka jalan keur pimodaleunana ........ Manehna mah sok bisa mun perlu neangan duit loba teh!"

„Muhun Bang!" Jawab Mimin.

„Mangkaning karep abdi mah, dina munggaran ayeuna teh hayang nu enyaan, kumplit . . . . ., sarta maenna urang di kota."

„Komo kitu mah, kudu saanu modalna oge. Bener, cocog jeung pikiran Abang. . . . . Tapi, ah „Abang garo-garo teu ateul," . . . . . ieu modalna ti mana?"

Bang Miun ngahuleng bari melong ka Mimin oge ngahuleng, pada mikiran jalan pimeunangeun modal geusan ngadegkeun sandiwara.

Nyoba-nyoba Bang Miun ngagelengkeun daunkawungna nyieun roko, terus disundut, sugan ku lantaran kebul roko bisa pinanggih pijalaneun, tapi nepi ka roko beak, nepi ka kuntungna dipiceun, weleh teu aya enyay-enyay caang.

Mimin, tina ngahuleng ngagilir kana nyaliksik, susuganan lantaran tungtung ramo ngorehan nu ateul, heg aya beja ti nu Gaib, ngabejaan pijalaneun geusan meunangkeun modal. Sabaraha kali ngadukeun kuku, nindes kuar atawa naon mah, luput masih poek butawereng, taya geusan puntanganeun.

Ingetanana dituduh-tuduhkeun ka jelema-jelema sakur nu geus wawuh, dipapay ka jelema nu kira-kira boga, tur bisa ngahutang, kajeun sanajan make renten oge.

„Aya," jorojoy tina hatena, „ Anemer Harjo, kawasna eta mah masih puluhan rebu oge bogaeun, tapi..... ah, da eta mah kitu, kiceupna lain, mun nginjeum tea mah lain butuh ku rentenna, jiga butuh ku jelemana; malah jigana teu dibayar oge teu

83