naon-naon asal,..... asal daek masrahkeun diri.”
„Kumaha Min, mun Abang badami jeung Pa Harjo Anemer?”’
Serengeh Mimin seuri. Eta ingetan bet sarua jeung Abang. „Puguh abdi oge emut ka dinya. Ke heula Bang! Kedah diemutkeun pibalukareunana.”
„Atuh pibalukareunana mah bisa diduga ti ayeuna......... Neng Emin jadi istrina Anemer Harjo anu ka........ sabaraha mah!”
„Nya-eta narah kikituan teh!”
„Ari Neng Emin! Batur mah pupunjung pupuja hayang meunangkeun nu beunghar, mangkaning ieu mah, basa kamari ieu ka dieu, kawasna teh asal Neng Emin buka sora, moal burung ditedunan. Ayeuna mah, taya jalan nu molongpong lian ti ka Anemer. Engke ah, Abang pasosore rek ngadeuheus ka ditu, nya Neng!”’
„Tong waka Bang! Urang neangan jalan sanes bae nu teu nganggo risiko.”
Bang Miun teu ngomong deui, ngan ukur imut, terus ngaleos.
Sorena ka imah Neng Emin aya semah Dalang Setiasembada, nu maksudna, ku lantara aya nu ngondang, sarta ngondang nanggap golekna teh hayang disindenan ku Mimin.
„Naha sabaraha buruhna ayeuna?” Mimin nanya ka Dalang.
„Ayeuna............ kitu oge tacan rata, atawa bisa jadi moal bisa rata ka sakabeh Dalang, nurutkeun kawani nu rek nanggap. Tah, nu ieu, nu ayeuna ngondang, nu hayangeun disindenan ku Eneng, make daek nepi ka tilu rebu, da lumbrahna mah pasaran ayeuna teh hiji satengah sareng duasatengah rebu. Jeu make daek onjoy”
„Dupi ngatur bagianana kumaha, Kang?”
„Ngaturna mah, atuh limaratus sewaan wayang sareng ga melan, limaratus Dalang, limaratus sinden, sarebu limaratus bagian nayaga sadayana. Bagian nayaga saurang-saurang na teu sami, tukang rebab tukang kendang ageungan tinu sanesna.”