„Dupi ongkosna saha nu nanggel Kang?”
„Urang mah tilurebu teh bersih. Jaba tuang sareng berekat."
„Abdi mah sok neda endog hayam.”
„His eta oge disayagikeun sacekapna. Tos terangeun itu oge, ka Eneng mah sok kedah disayagikeun endog hayam. Cekap salosin, Neng?”
„Tong salosin tilu-opat bae.”
„Mangga! kumaha kersa Eneng teh?”
„Iraha ieu teh Kang?”
„Dua dinten deui, engke malem Minggu. Malah dina malem Mingguna deui tos aya nu masihan panjer.”
„Limaratus sapeuting, mun sabulan opatkali oge, geus nincak gajih duarebu,” cek gerentes „paingan Dalang barisa nyieun gedong, atuh sindenna gararinding.”
„Kumaha Neng?”
„Mangga!”
„Tah ieu kasanggakeun duaratus pamanjer.”
„Geuning kang? Kumaha upami udur?”
„Ulah teu damang, atuh.”
Samulangna ki Dalang. Mimin bari nyekelan duit dua lambar ratusan, ngahuleng mikiran asa mending jadi sinden batan nyandiwara mah. Bener sakeudeung ngan ukur dua-tilu jam, tapi, deuh ripuhna.
Samemehna kudu latihan heula nu make waktu sabaraha kali. Dina prakna maen, lain ngan sora wungkul, tapi peta rengkak, kadang-kadang kudu make tanaga, ari sinden mah wungkul diuk jeung sora ........ ah, mending jadi Sinden.”
Kira wanci Isa, Bang Miun datang, nyarita yen tas nepungan Anemer, malah sanggeusna dibejaan kaperluanana, Anemer oge isukan rek datang, cenah hayang ngadenge lisan ti Mimin.
„Ari Abang, kutan Abang teh angkat ka Anemer?”
„Atuh, da kapalang, hayang geura puguh aya pihasileun.”
„Kumaha saur Anemer teh saparantos diwartosan pamaksadan urang teh?”