„Gampang hal duit mah, asal enya bae maksudna.”
„Duh Bang! Tah ieu artos duaratus ti Dalang Setiasembada, manjer abdi, supados engke malem Minggu nyinden di Karangpawitan, cenah di Haji Anwar, nyunatan.”
„Nuhun bae eta mah, da urusan urang mah tangtu lila keneh, nyindenan teras, babadamian sareng Pa Harjo ulah buntu ...... Harepan hade Neng!”
„Ngobrol naon deui Abang teh di ditu?”
„Ah pokona mah nyaritakeun maksud urang bae nya hayang ngadegkeun Sandiwara tea, tapi taya pimodaleunana.”
„Tos kitu, kumaha saur Anemer teh?”
„Sanggupeun, nyumponan saperluna oge, enjing anjeunna sumping, pok bae carioskeun tong asa-asa deui, duapuluh tawa limapuluhrebu sakalian. Tanggel, tanggel, mo burung dicumponan, da ...... aeh, enjing teh bade ka Kota ka Bang saurna, bade nyandak artos persekot borongan gedong ...... juta-juta kitu.”
„Ah Abang mah, sagala rupi teh digampilkeun pisan. Sing emut kana risikona .....”
„Risikona mah, Eneng didamel istrina, dipangdamelkeun gedong, dipanggaleuhkeun mobil ..... Atuh, da Abang oge jadi supirna mah mo burung daekeun, asal Supir Neng Emin!”
„Teu sanggem abdi mah nyanghareupan jelema model pa Harjo, cenah pamajikan gunta-ganti, serahkeun ieu, gap deui nu anyar, pabalatak popotongan, abong jelema loba duitna.”
„Nyaeta urang mah, urang arah duitna, pan urang teh butuh.”
„Ah, Abang mah ....."
..... Isukna sakumaha carita Bang Miun, yen Anemer Harjo bakal datang, enya, teu nyalahan, pukul 9 isuk-isuk geus ngajogrog mobil sedan Opel hareupeun imah Mimin.
Bang Miun buru-buru mapagkeun ka lawang pakarangan, sarta terus ka tepas.
„Betah lah, cacak imah butut mah, Bang! Ku bisa memeresna, nyari! Ka mana ieu teh pribumina?” Cek Anemer.
Bang Miun buru-buru asup ka imah rek ngabejaan Mimin,