Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

padahal Mimin mah ti tadi ge geus terang yen aya tamu.

Teu kungsi lila Neng Mimin ka luar, disamping sarung jogyaan, baju kabaya polos gedangasak, gelung goler luhureun punduk.

„Haturan Gan!”

„His, Agan-agan! Teu aya jaman kiwari mah.”

„Oh, sumuhun ..... Bade diwangsulan deui bae atuh ..... Haturan Bapa!”

„Kitu, Neng!”

„Sanes tos teu aya Eneng deuih?’’ Mimin imut.

„Oh, enya ..... Tapi kumaha, nya! Piraku ari nyebut Ibu mah! Asa ningnang pisan.”

„Emin bae atuh atanapi Mimin.”

„Tah sae ....... Damang Mimin teh?

„Aya berkah Bapa ..... Eta, ku kersa rurumpaheun linggih ka rorompok butut kieu.”

„Cek Bapa oge tadi, cacakan imah butut, na ari srog teh matak pikabetaheun; kembangna, potna, korsi sari, kumplit ka nu kagunganana.”

Mimin imut, bari diuk nyanghareupan tamu.

„Kaka teh ....... ah, tong teuing Bapa atuh ........ Kaka teh ngahaja datang ka dieu, rek nyampeur Mimin palay dianteur ka kota ..... tapi geuning, naha anggoan kitu wae?”

Mimin bari ngaragap gelungna, culang-cileung, ret ka Abang, ret ka Anemer, deudeupeun, da teu nyarita ka Abang hayang dianteur ka Kota.

„Hayoh atuh, geura dangdan, Min. Ku kaka dianteur ka Kota, atawa kitu wae. Lah moal kurang manis kitu oge.”

Mimin can bisa ngajawab keneh bae, kalah ka pipina beureum, biwirna rapet.

„Kumaha ieu teh? Geuning!”

„Da ...... da, abdi mah teu bade ka Kota.” Jawab Mimin.

„Tuh. Mimin mah, cenah bade ka toko Matahari meuli piacukeun.”

„Ah henteu! Teu gaduh artosna oge!”

87