Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

„Sual artos mah, serenkeun bae ka Kaka, tong jadi halangan ......... Hayu, ah!”

Mimin ngareret ka Abang. Abang ngiceupan mere isarah supaya daek milu.

Mimin ngerejep peureum, bray ngadak-ngadak saperti aya nu mere ilapat, beungeutna marahmay, lelembutan kumpul, asa reugreug, gede hate. Bari imut manehna ngomong: „Ngiring bae abdi teh?” Panonna ditojokeun ka Harjo, tembus kana jajantungna.

„Kapan ti tadi oge, lain Mimin nu bade ngiring, tapi Kaka nu rek ngiring sakapalay Mimin.”

Mimin ngareret ka Abang: „Kumaha Bang, Mimin kedah dangdos atanapi kieu bae?”

„Atuh kirang sae Neng ..... hayoh ka dituh, dangdos heula.”

Sajeroning Mimin leumpang ka kamar rek dangdan, nepi ka nenjo beungeutna sorangan dina kaca gede nu nempel dina panto lomaripakean, pikiranana tacan jejeg kana tujuan rek dangdan, masih kabaud ku ingetan rek ka Kota, kumaha engke di Kota, rek naon, kumaha enggoning babarengan jeung Anemer Harjo, nu kaceluk jelema palacuran lantaran rea duitna. Timbul pikiran loba boa, boa kieu, boa kitu. Naha bakal tahan geusan ngajaga dirina, pasanghareup-sanghareup jeung manusa nu keur ngalajur napsu ngumbar kahayang, nganteur karepna, lantaran kasurung ku lambaran kertas enol tilu? ......

„Duh Ema! neda pangdu’ana ..... abdi bakal perangtanding sareng manusa-manusa nu umaing ..... Mugi Gusti masihan kakuatan,” gerentesing hatena bari peureum.

Ti dinya kakara muka panto lomarina, teteg, gilig, hate asa gede, wawanen nambahan. Kek kana samping, terus milih bajuna nu surup jeung rupa samping, top kana selopna; dipapantes nu bakal moal ngalingsemkeun ka nu rek mawa, di mana engke turun tina sedan.

Sanggeusna neuteup eunteungna, panungtungan dengdek kenca, gilek ka katuhu, bisi aya wedak kandel sawareh. Jeba-jebi, umat-imut, terus nyengir nempo waos, ngegel biwir sora-

88