Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngan, nyeh imut deui, duka naon maksudna, da geuning kitu mun awewe keur ngahias dirina teh. Geus kitu mah kakara kaluar.

Anemer Harjo terus melong kana panto, hayang geura nyaho Mimin sanggeusna dangdan. Dina hatena ngomong: „Beunang siah ayeuna mah! Duit mah buni, sanajan boga sapeti, moal kaciri, tapi sedan ..... awewe bakal edan mun disampeur ku lalaki nu make sedan. Ana gebeg teh Harjo bray panto muka, belegedeg Mimin ngadeg, nyeh imut, mani kawas nu nyiram nenjo esem, Harjo sirikna teu ngelay, tina ku bawaning uruy nenjo biwir imut.

Teu tahan Harjo nyampeurkeun ngaleng Mimin, nepi ka poho teu amit heula ka Bang Miun, terus dibawa kana sedan.

Starter diteken, mesin hirup, geus ngagerung rek indit, Harjo nempo ka luar, geuning Bang Miun teh nuturkeun, keur nangtung deukeut panto sedan bari nyerengeh.

„Eh.......! Mangga Bang!”

„Wilujeng angkat!” Jawab Bang Miun bari ngacungkeun leungeunna.

Mobil mangkat, Bang Miun malik, ngomong sorangan: Mun Mimin bisa ngolona mah, hasil duit keur pimodaleun ngadegkeun sandiwara teh.”

Mimin, sanajan hirupna dina waktu eta geus bisa disebut meujeuhna, tapi ari kana ngarasa tumpak sedan mah saumur nyunyuhun hulu kakara harita. Karasa genahna, jauh bedana jeung tumpak treuk nu geus kaalaman ku manehna.

Geleserna mobil, hiukna angin nu nyalisib kana sela-sela kaca, nebak kana beungeut, karasa nimatna nepi ka nimbulkeun napsu hayang boga sorangan, padahal sanajan boga sorangan oge kitu keneh-kitu keneh. Jorojoy hate Mimin ngaharewos: Mimin oga hayang boga sedan.”

Kasedot ku rasa genah, ditambah ku lamunan hayang ngabogaan, nepi ka teu inget, disagigireunana aya lalaki nu teu eureun-eureun nilik; genah, sugema ngarendeng jeung Mimin. Teu beda jeung genah Mimin tumpak mobil ditungtungan ku hayang boga mobil, Anemer Harjo oge, sangeus ngarasa genah bungah

89