Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bisa ngarendeng jeung Mimin nu geulis, make ditungtungan ku lamunan hayang miboga Mimin.

„Di mana lirenna Gan?” Cek Supir.

„Geus nepi ka mana ieu teh?”

„Jalan A.A.!”

„Masya-alloh! . . . . . ka Braga . . . . . Onderling Belang.”

Mun tadi tumpak Sedan kakara, ayeuna asup ka Toko model kitu mah kakara deui bae.

Dua kali „kakara” karandapan ku Mimin salila hirupna Sanajan kitu, ku lantaran Mimin geus boga pangalaman maen sandiwara, gancang pisan ngarobah sipat-sipat dusunna, diganti ku tincak saperti geus biasa ngota.

Jut tina mobil sup ka toko, digandeng Harjo teh teu matak nguciwakeun nu nenjo.

Mimin nenjo barang-barang sagala aya, ieu hade ieu alus, ieu resep itu bogoh, meueus-meueus ret ka Harjo.

Dimana Mimin ngilikan pibajueun sarta terus ngareret ka Harjo, gancang pisan Harjo nanya: „Nu ieu Min?" Mun Mimin unggeuk bari imut, buru-buru Harjo nyarita ka Pelayan toko, supaya encitna digunting.

Ti toko Onderling Belang Mimin ngan meuli tilu bajueun. Ti dinya terus leumpang mapay-mapay toko.

Barang nepi ka toko nu pinuh ku papakean bangsa erok-erok, reg manehna eureun.

Mimin ngareret ka Harjo bari imut:

„Ka! upami Mimin nganggo erok pantes?”

Harjo ngaharewos ditompokeun kana ceuli Mimin; „Atuh Mimin mah, entong ge make erok, make baju kadut oge moal kurang pantes . . . Hayu asup, pek geura milih!”

Mimin dipuji kitu teh, beuki leleb bae imutna sarta terus asup. Tilu erok dibungkus, kumplit, Beha jeung ken-kenna. Atuh Harjo ngarasa pohara bungahna, sabab pamikirna mun Mimin geus kahadasan, anu tangtu bakal gampang tinekanan maksudna.

Harjo ngareret kana erlojina geus pukul satu, sarta sanggeus manehna nyebutkeun lapar, terus ngajak ka Mimin ka restoran.

Jol ka restoran, Mimin sakedapan ngahuleng da ngalaman

90