Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dahar di restoran oge kakara deuih. Manehna inget ka Ibu Eneng, saeutik-saeutik sok ngawarah kumaha petana dahar make sendok jeung garpuh, bubuhan Ibu Eneng mah urut Nyai-nyai Tuan tea, atuh dina gekna diuk dina korsi nyanghareupan meja, kek kana garpuh jeung sendok, sanajan bari luak-lieuk oge, teu katara jelema dusun.

Harjo nenjo laga-laguna Mimin nyugemakeun, terus ngabanding-banding jeung pamajikan-pamajikannana nu opat, Mimin mah aya leuwihna, boga rasa hanjakal mun Mimin teu bisa terus kapimilik teh. Tapi manehna gede hate geus teu mang-mang palangsiang deui, upama nenjo Mimin geus teu asa jeung jiga mah.

„Ieu mah lauk lah!” cek Harjo, „meungpeung ka Kota, engke peuting urang ka Bioskop heula, urang lalajo.”

„Har atuh Ka, upami bade ningali mah kumaha, ayeuna nembe oge tabuh dua, mangkaning ka bioskop mah engke sonten.”

„Urang reureuh heula bae di hotel . . . . ., hotel Lembang tuh nu tiis hawana.”

Mimin ngadenge kecap Hotel rada mangsar-mingsir, datang sawangan pikarisieun, sanajan kitu manehna teu nembongkeun kakeueung, gancang ngomong: „Ningali bioskop mah langkung sae urang ngahaja bae bade pageto oge mangga. Mios ka Kotana teh pasosonten, henteu sambian sapertos ayeuna. Jadi miosna teh gembleng mun panon tea mah sina jucung kana ningali bioskop, henteu kagembang ku titingalian nu sanesna. Geura enggoning ngahibur teh tulen.”

Harjo ngahuleng, sakedapan ngarasa dipagak karepna, tapi nenjo paroman Mimin jiga lain jijieunan, eleh-deet kapaksa nurutkeun karepna Mimin.

„Atuh kitu nya kitu” cek Harjo

„Meuli-meuli kadaharan heula atuh keur ngirim si Abang!”

Lain lumayan beubeunangan ti Kota teh, eta bae Supir mani dua tilu balikan mawaan barang-barang tina mobil ka imah Mimin.

„Min!” Cek Harjo, „Kaka mah moal lila, rek aya kaperluan

91