deui sejen.”
„Geuning!” Cek Mimin, „atuh engke sonten tuang di dieu Geura raosan masakan Mimin.”
Harjo ngahuleng, ngingetkeun kaperluan jeung ucapan Mimin nu sakitu mere kalonggaranana geusan nyumponan sagala karepna.
„Tong, Min! Kaka engke sore jam 5 kudu geus aya di Kota deui, urusan borongan gedong-gedong nu behrutengna jutaan.”
„Geuning bet tabuh 5”, cek Mimin bari imut, „atuh tabuh 5 mah sanes urusan padamelan, da padamelan mah sanes sok ka kantor? Ieu mah urusan kilir meureun!”
„Daek medu Min! Lain urusan kilir. Ayeuna mah urusan pagawean teh sok di bumi, supaya salse.”
„Hanjakal! Atuh engke sonten abdi neda teh duaan bae sareng Abang.”
„Ah, keun bae, engke deui bae”, Mimin buru-buru ngasongkeun leungeunna, sasalaman. Babakuna ngahalangan maksudna Harjo nu katenjo ku manehna mani geus hayang gep ngarangkul.
„Nuhun!” Ceuk Mimin.
Atuh Harjo teh kapaksa, hayang engo heula mun rek papisah teh teu bisa. Bari kutap-ketap cara nu kasamaran, sasalaman dikereketkeun, leos indit, dius kana mobil deui . . . . . .
Bang Miun, waktu jumeneng keneh Ibu Eneng, waktu jadi salakina mah, sok dikawulaan ku Mimin sakalian bari kumawula, ka Ibu Eneng. Tapi ayeuna, sanggeus Ibu Eneng taya di kieuna, kapaksa sasat jadi badega Mimin.
Lain teu boga angkeuhan teu boga karep hayang terus ngawasa di imah eta, tapi teu kuat geusan ngayonan wibawa Mimin. Puguh wae, pantes pisan, mun Bang Miun bisa meruhkeun dayana Ibu Eneng, Mimin oge bakal tunduk jadi gantina Ibu Eneng.
Mimin lain Ibu Eneng, tong boro ku model Miun, cacakan Harjo, lalaki ngora keneh, tur kantongna pinuh ku rebu, ampir taak nyanghareupan Mimin mah.
Akal teu mental, tipu teu laku, rupa mah komo, jaba teu sabaraha teh Bang Miun geus kolot . . . . . . . . Duit? Ti mana boga