Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

duit, cacakan dahar pake sapamerean Mimin. Tungtungna rumasa eleh jajaten, sumerah bongkokan, suka rela kumawula ka Mimin geus teu ngarasula: . . . . . . . Mimin teh anak si-Abang weh! Atawa si-Abang teh jongos Neng Mimin!” Disebut kieu daek, disebut kitu heug, rek kumaha karep nu nyebut bae, asal ulah diusir ku Mimin.

Euweuh deui nu pangsieun-sieunna Bang Miun, nyaeta ku diusir. Ras inget ku kakolotan, ka mana nya pibalikeun.

Ka lembur asal, Pasarrebo, geus lawas tara ditempo, da puguh Bang Miun teh bangsa langlangbuana, bangsa jelema teu tanjrih . . . . . hejotihang.

Imah jeung pakarangan jeung sagala kakayaan Ibu Eneng, sanggeusna maot sanajan Ibu Eneng geus taya ahli warisna oge, ragragna teh lain ka Bang Miun nu jadi salakina, tapi kalawan aya susuratanana nu sah ragrag kapimilik ku Mimin.

Kakayaan Ibu Eneng jadi milik mutlakna Mimin. Bang Miun teu boga naon-naon, estu enya, nyirurukna di dinya teh mihapekeun hirupna jeung huripna. Munasabah, mun bareto jaman Ibu Eneng Bang Miun jadi Kapala Kulawarga bari ogoan, ayeuna Bang Miun ngarobah laga, hayang diangken kolot ku Mimin bari ngawula ka wayahna.

„Tos wayah kumaha ieu teh Bang? Na, aya sare kamalinaan teuing!,” Cek Mimin waktu hudang sare-sore.

„Meh tabuh genep Neng! Tah ieu citeh susu haturan tos tiis deui.” Jawab Bang Miun.

„Masya-Allah! Aya sare raos-raos teuing, Bang! Make ngimpi ka Sawarga sagala!” Neng Mimin seuri.

„Sanes engke teh bade angkat ka . . . . . ?”

„Sumuhun ondangan ka Haji tea.” Keun, da juragan Anemer bade nyampeur terus ngajajapkeun . . . . . Jelema nu mangpang-meungpeung hirup, meungpeung saku pinuh ku rebu, teu wareg ku pamajikan opat . . . . eh, lalaki. . . . . . . Abang oge nya kitu bae, keur ngorana mah, nya!”

„Abang mah henteu! Ngan, kaasup jelema teu awet boga bojo. Da eta bae, wengi tadi mah Abang bari nangkarak, emut kana lalampahan nu ka tukang-tukang, seuri, seuri sorangan,

93