eta ngitung popotongan . . . . .. dugi ka panutupna bu Eneng teh jumlah-jamleh 63 . . . . . . . . Neng!”
„Nu burung! Na kumaha eta teh?”
„Sumuhun Neng! Abang mah jadi jelema doraka, pang sakieu oge, atuh da, aya nu mung 2 minggu tos diserahkeun deui. Nu panglamina teh ka Ibu Eneng bae . . . . .”
„Kawin eta teh Bang?”
„Sumuhun kawin, nganggo ipekah sagala . . . . . . Eta mah sumuhun kawin!”
„Na teu aya nu boga anak?”
„Aya,. . . . . mung duka di mana ayana!”
„Nurustunjung Abang! Kawas meri bae!” Neng Mimin seuri keuheul.
„Ah! tos bade kumaha deui, da nu parantos . . . . . . Ayeuna mah kapok!”
„Atuh kapok oge da tos kolot, saha nu daekeun Bang!” Mimin seuri kapaksa.
Saran, bujangna ngabejaan, cai haneut keur ibak geus sayagi.
Sajeroning Mimin leumpang ka kamar mandi, bari imut heran eta lalaki nepi ka boga popotongan 63. Eta teh meureun jaba ti toloheorna mah sabaraha. Naha kumaha anggapanana ari lalaki ka awewe. Dianggap cocoan wae awewe teh kitu? Sababaraha kali gogodeg dibarung ku ucapan: „lalaki . . . . . . . . lalaki, lalaki . . . . . . . emh! Mimin geus dianggap golongan awewe hina, . . . . . . Embung! dijieun, diulinkeun saperti ka boneka! Mimin moal beunang dicoo, dialung-bojongkeun kitu . . . . . . . Awas! Mimin hiji-hijina awewe nu bakal ngaruntagkeun sing saha lalaki nu rek nyieun boneka ka awewe . . . . .!”
Ti mimiti brus mandi, nepi ka beresna, pikiranana digayuh ku kakeuheul kana talajak-talajak lalaki nu sok nganggap ka awewe, nu tunggal mahlukna Pangeran, teu beda jeung lalaki, tapi awewe teh dijieun kaulinan, dijieun cocoan cara ka boneka.
Pukul 8, Mimin geus beres dangdan, rek nyindenan di Haji nu ngondang tea, kari ngadagoan datangna sedan Anemer