Lompat ke isi

Kaca:Sri Panggung.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Harjo nu geus jangji rek nganteurkeun.

„Tah, geuning Abang! Mobil datang. Naha ari Abang moal ganti pakean?”

„Naha Abang kedah ngiring Neng?”

„Atuh puguh! Piraku Abang teu hayang lalajo Sinden Neng Mimin!”

„Sumuhun, Ke ah, bade gentos baju sakedap . . . . . . Dupi juragan Anemer bade sumping?”

„Duka teuing! Urang mah asal mobilna bae, manehna mah rek datang rek henteu!”

Teu kungsi lila kurunyung supir, alangah-elengeh gumasep. Pok ngomong: „Gan Anemer mah teu angkat ayeuna, engke, saparantos jajap Eneng, Akang kedah mapagkeun anjeunna, kinten-kinten tabuh 10.”

„Muhun!” Jawab Mimin,” .... Hayu Bang, geuwat!”

Supir bari nyekel stir teh rada baeud, sabab nu diuk deukeut manehna teh, kahayangna mah Neng Mimin, ari ieu bet Bang Miun. Atuh cle diuk nyekel setir nepi ka tempat kaondangan nu biasana sok ngabuih ngomong teh, harita mah samutut terus.

Jelema-jelema nu lalajo geus metet, atuh tatamu ondangan geus daratang, geus dariuk ngajajar dina korsi, sayagi rek lalajo, babakuna hayang ngabuktikeun carita jelema rea, cenah Sinden Neng Mimin teh boga sora emas, jeung senggol nu matak ngaruntagkeun huluangen.

Ana jol teh sedan, kabeh beuheung marieus, sangkan panonna bisa nenjo saha nu bakal kaluar ti jero sedan.

Ratusan sungut bareng pada ngucapkeun; „Sinden Mimin!”

Jelema kabeh oyag, pasedek-sedek hayang nenjo ti kadeukeutan, waktu ngaliwatna.

„Nyingray! Bere lawang!” Cek nu mapag Mimin, rek dibawa kana panggung wayang.

Gamelan tatalu, tanda ngamimitian, ki Dalang geus gugunungan, jelema-jelema bari panon nenjo kana golek, ngong aya nu ngomong ka baturna nu lalajo deui.

„Eta mah Sinden teh mani geus boga mobil sagala!”

95