Dijawab ku nu saurang: „Ih, lain mobilna, eta mah mobil Anemer Harjo.”
Nu tukangeunana pok nanya: „Naha Sinden teh pamajikanana Anemer?”
„Lain, kabogohna eta mah!”
„Pamajikanana!” Cek saurang, „da sok remen babarengan dina mobil ka Kota, ka mana-mana.” „Teu bisa jadi!” Cek saurang deui „Anemer teh pamajikanana geus opat, teu bisa tambah pamajikan deui atuh!”
„Geus ah! Tong recok bae!” „Cek saurang deui, keun bae ah, rek pamajikanana rek lain oge . . . . . tah, jempe dengekeun sorana”
Mimiti Neng Mimin ngalagu gedong duwur, jelema-jelema nyeseg pada hayang ka hareup. Dengek aya budak kapencet. Gaok aya nu katincak. Beulah ditu aya nu rek gelut, lantaran kabadug ku siku. Ditumbu ku sora nu nitah jempe, nu asalna saurang jadi sababaraha urang mapay pada nitah jempe. Atuh beuki reang, beuki recok; pada hayang ngadenge sora sinden ngalagu „gedong duwur”, tungtungna jadi gandeng ku nu nitah jempe.
Nitah jempe ditambah ku nitah diuk.
„Diuk nu ti hareup!” Saurang nyentak, diturutan ku sora-sora nu nitah „diuk nu ti hareup”.
Tina asal nangtung, jadi diuk, atuh ger deui recok da kasedekeun. Ceuli nu hayang ngadenge teh lapur, da kagandengan ku ribut nu pasedek-sedek, mangkaning anu ti tukang pada nyereg hayang ka hareup.
Tacan beres nu dariuk, ger deui ribut, pager balandongan nu disarandean reuntas.
Ceuli-ceuli jelema nu lalajo, nu geus niat ti imahna rek ngadenge sora Sinden, camekblek keuheul kasabot ku sungut- sungut nu terus noroweco wae, . . . . ceuli nu nempel dina sirah eta kontra sungut, kalah ka ngagandengan,,huh! gandeng wae!”
Ceuli-ceuli barudak mah ayem bae, rek gandeng oge heg bae, da nu perlu di maranehna mah lain ngadenge, tapi