panenjo; hayang geura nenjo Gatotkaca ngapung ngawang-ngawang jeung igel si Cepot bajingluncat. Teu ngarti, genahna lagu Kembangbeureum nu ditembangkeun ku Sinden dina waktu Cepot ngigel bajingluncat mah.
Beuki peuting, daunceuli beuki tiis, Gatotkaca geus perang jeung Buta, karesep barudak geus kacumpon, panonna koyop, sirahna unggut-unggutan kasabet tunduh, tungtungna ngagoledag, pabalatak sarare.
Atuh jelema-jelema nu hayang ngadenge sora Sinden teh ngarasa nyeunghap, da recok barudak geus kabawa ku sare, katurug-turug rada lalega, jeung geus lesu, reureuh tina kakeuheul, sungut-sungut oge ngadak-ngadak jadi baralem. Ceuli jongjon ngarasakeun galindeng gaharna sora Sinden Neng Mimin.
Liwat tengah peuting, hawa cicing teu katebak angin, Uwa Semar ti Karangtumaritis kaluar katut para putrana Cepot Udel jeung Gareng.
Lurah Semar pidato. Sanduk-sanduk ka nu kagungan hajat, ka nu lalajo, neda maap pangampura . . . . . ditungtungan: „sing saha bae nu bade pesen lagu ka Neng Mimin, mangga. . . . . . . . . geura serat jenengan sareng lagu naon nu dipundut . . . . . . minimum salagu limapuluh, kulan!”
„Sindenna ka hareup! ngarendeng jeung Dalang!” Gorowok nu nyowara.
„Diukna diganjel, supaya awas!” Gorowok deui ti jero
Gereyeng ti jero aya jelema nu mawa gulungan kasur. Sinden anjeucleu diuk dina gulungan kasur. Atuh ayeuna mah, lain ngan kadenge sorana bae, tapi aneprokna oge katenjo.
Cek Lurah Semar: „Oh, ha-ha-ha! Saratus rupiah. . . . Nuhun! Nuhun! Mangga dangukeun!”
Jep jempe, balem. Ratusan sirah dengdek. Ratusan ceuli rancung, ngarandeg dina angen-angen, bray caang narawangan, plung-plong di alam kosong, nu aya ngan sorana Neng Mimin.
Nyengkab hareudang, bari badan dirampa tiis, panas nereptep, bari henteu aya seuneu, mun batur meuli sora saratus, hayang limaratus meuli lagu sorana Neng Mimin.
Untung ki Semar bijaksana. Napsuna keur meujeuhna