Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

c. CURSUS MANTRI TJATJAR

 Rea keneh bae anoe njěratan ka Bale Poestaka, naroskeun těmpatna sarěng atoeranana Cursus Mantri Tjatjar. Koe margi eta, ieu di handap dilěbětkeun deui.

 Cursus Mantri Tjatjar teh těmpatna di Instituut Pasteur di Rantjabadak (Bandoeng); diboekana doea kali dina sataoen. Boekaan kahidji sasih Januari, boekaan kadoea sasih Juli, lamina diajar 4 á 5 sasih.

 Anoe ngiring eksamĕn ka dinja, sakirang-kirangna kĕdah tamat heula sakola kelas doea; anoe dieksamĕnkeunana babakoena tina hal ngetang.

 Joeswana kedah antawis 21 sarěng 25 taona; badanna kedah sehat, kalakoeanana sae, sarta kedah parantos dikoerisian.

 Anoe palaj lěbět ka eta Cursus, kedah oendjoekan ka Inspecteur anoe ngoeroes hal eta. Salamina diajar, kenging toelage f 15.—. Oepami parantos tamat, diběnoem kandidat mantri tjatjar, digadjih sasasihna f 25.—.



 Lamoeun oerang — lalaki — nganiěp awewe sina barodo, saroea bae hartina djieung mikarěp toeronan oerang sina barodo.

- 117 -