Ieu kaca geus divalidasi
MANGLE
GOESTI, NABI, ABDI.
- Rarasaan wĕning bĕrsih, pipikiran tjararaang, moen ras ka Goesti Jang Manon, tĕrang jen Andjeunna moerba, tetela pangmoeljana, Ratoening sakabeh ratoe, Radja sakoeliah djagat.
- Noe ngadamĕl boemi-langit; dening aja djalma sasar, sapĕrti Radja Pir’aon, eta mah ngan woengkoel rasa, teu tjotjog dĕjung boektina, tjara tjek noe ngapoeng loehoer: „boemi lĕgok katingalna”.
- Oepama diintip-intip, dipapaj-papaj sababna, sagala noe koemĕlip ge, sababna mangpirang-pirang, sabab karana sabab, sanggeus sabab noempoek njoesoen, modjokna nja ka Pangeran.
- Kitoe deui para Nabi, nĕnggang ti djělĕma loemrah, pinoendjĕl taja noe nĕndĕng, tjatjak oepama neangan, ngidĕr samartja-pada, adjeuna oerang mo mimoe, noe tjara Nabi sipatna.
- Patjoan maroreangkalih, oelah rek boga angkeuhan: „saroea djělĕma bae, Nabi djalĕma baheula. Di djaman koena pisan, pintĕrna mĕntjil ti batoer, adjeuna rĕca bangsa.”
- Tobat teu warantoen teuing, sim koering mah kikitoean, tina parantos katoeng, katingal koe mata rasa, sanadjian koering tĕrang, Brawidjaja radja poendjoel, linoehoeng dina djamnana.
- Tapi ari pek dioelik, tembong matak handjakalna, reh andjeunna teu waspaos, teu ngatoer tata diatikna, noe natrat lir agama, tjatjak geus reboean taona, tapi hiroep hoerip waras.
N. B. Rĕrĕsĕpan moen teu bisa oelin, rek pĕlĕsir kapĕgat koe hoedjan, pek oerang teh ngagelehe, dina dipan noe ĕmpoek, bantal soetra model Kartini; niten Asmarandana, di loehoer noe toedioeh, tina oenggal-oenggal pada, ditjokotan sapadalisan sing djadi, sapada anoe anjar.
Ngong tĕmbangkeun make lagoe Tjeurik ............? pek adjeuna oenggal padalisan, tina pada noe anjar teh, tjokot—omat kaliroe—oenggal ĕngang anoe mimiti, tah nja eta ngaranna, noe maksaad ngadjoeroeng, wakil ka Asmarandana, tawis sono nĕpangan anoe tas Tjeurik ............? ngoepingkeun rek ngalokan.
- 118 -