17. PANGATOERAN NAGARA
a. ONDERSTAND
Pikeun maparin pĕrtoeloengan ka amtĕnar Priboemi djeung pagawe noe dianggap saroea djeung amtĕnar noe eureun tina pagaweanana kalayan teu meunang pangsioen, Pamarentah geus ngadamĕl roepa-roepa atoeran, eta atoeran ajana dina staatsblad 1918 No. 100 djeung staatsblad 1923 No. 146 djeung 200; di dinja ditĕrangkeun amtĕnar koemaha noe bisa meunang onderstand teh.
Loeloegoena noe dioeroes teh nja eta: amtĕnar noe dieureunkeun tina pagaweanana lantaran badanna atawa pikiranana tjatjad anoe ditĕtĕpkeun koe hidji komisi, rengrengan doktor-doktor. Lamoen eta amtĕnar dinĕsna tatjan tjoekoep lima tahoen, ngan meunang onderstand pikeun sawatara waktoe bae. Ari gedĕna saroea bae djeung pangsioen pikeun eta amtĕnar lamoen eureun sanggeusna ngajalankeun dinĕs lima tahoen, ari lilana satoeneun. Tapi lamoen geus tjoekoep satahoen meunangna onderstand tea, meunang disoehoenkeun pikeun sataoeneun deui, kitoe bae nĕpi ka lima tahoen lilana. Oenggal-oenggal rek njoehoenkeun onderstand tea, koedoe bae aja katĕrangan jen badanna atawa pikiranana tatjan waras, tatjan bisa deui njĕkĕl pagawean. Lamoen geus tjoekoep lima tahoen sarta tatjan bisa keneh ngajalankeun pagawean, eta onderstand teh bisa dirobah djadi onderstand tĕtĕp; onderstand beunang ditjaboet koe Nagara lamoen katimbang geus teu pĕrloe.
Lamoen eta amtĕnar dieureunkeunnana sanggeusna boga dinĕs lima tahoen atawa leuwih sarta tatjan meunang pangsioen, bisa tĕroes dipaparin onderstand tĕtĕp, noe beunang ditjaboet deui tea. Ari gědena eta onderstand opat pĕrlimana tina pangsioen anoe bisa katarima oepama eta amtĕnar eureunna dipangsioen, tapi sakoerang-koerangna koedoe saroea djeung pangsioen dinĕs lima tahoen.
Amtĕnar noe dieureunkeun koe lantaran sedjen, djadi lain lantaran roeksak awak atawa pikiran, sarta lain kalayan panoehoen sorangan, lamoen dinĕsna geus sapoeloeh tahoen atawa leuwih, tapi koerang tina tiloe poeloeh tahoen bisa meunang onderstand nĕpi ka ditjaboet deui. Gědena eta onderstand opat pĕrlimana tina pangsioen lamoen eureunna tea kalayan pangsioen. Ari lilana teu meunang leuwih tina lilana di—