nĕs noe kadjalanan; djadi lamoen dinĕsna sapoeloeh tahoen, meunangna onderstand teh lima tahoen. Tapi lamoen geus tjoekoep waktoena noe lima tahoen tea noe lima tahoen deui beunang disoehoenkeun deui.
Amtĕnar noe dieureunkeun teu djeung hormat tapi dinĕsna geus tiloe poeloeh tahoen atawa leuwih bisa meunang onderstand nĕpi ka ditjaboet deui, ari gĕdEna eta onderstand opat pĕrlimana tina pangsioen, lamoen eureunna kalayan pangsioen.
Ari ngitoengna lilana dinĕs toeroet atoeran dina reglement pangsioen amtĕnar sipil di Hindia (Indisch Burgerlijk Pensioen Reglement), nja eta dina artikĕl 2, staatsblad 1926, noe oenina geus ditambahan koe staatsblad 1927 No. 523 djeung staatsblad 1928 No. 36. Pikeun ngajalankeun eta reglement Pamarentah geus ngadamĕl atoeran anoe disaoepkeun kana Bijblad No. 11229.
Amtĕnar noe tjĕkĕl gawe di Goepĕrnĕmen pikeun sawatara waktoe oge bisa meunang onderstand pikeun sawatara waktoe lamoen dieureunkeun tina pagaweanana, tapi koe pangagoengan kaanggo keneh gawena djeung teu boga paksabaan naon-naon.
Gĕdena eta onderstand tiloe pĕrpoeloeh tina gadjih waktoe dieureunkeun, tapi teu meunang leuwih ti f 250 djeung panglilana ngan pikeun lima tahoeun.
Lamoen amtĕnar eureun tina pagaweanana kalayan wachtgeld, sarta sanggeusna meunang wachtgeld tea, tĕroes dipaparin onderstand, gĕdena eta onderstand teh salapan pĕrpoeloeh wachtgeldna tea.
Dina Bijblad No. 5896 aja atoeran pikeun maparin onderstand ka amtĕnar Priboemi anoe disĕhorĕs. Lamoen eta oeroet amtĕnar teh teu boga pakasaban deui djeung di antara koela-wargana teu aja anoe bisa sarta sanggoep ngabajoean, oepama disoehoenkeun bisa meunang onderstand. Ari gĕdena eta onderstand koerang saeutik tina sapĕrtĭloena tina gadjih keur waktoe njĕkĕl gawe tea.
Lamoen geus dipariksa nja eta teu aja kasalahanana eta amtĕnar anoe disĕhorĕs teh tĕroes diangkat deui sarta meunang gadjihna noe koedoe ditarima salilana disĕhorĕs tea sanggeus dipotong koe onderstand noe geus katarima.
Tapi lamoen sanggeus dipariksa tatjan tetela bĕnĕr salahna, atawa kasalahanana noe kapanggih teh ngan saeutik, eta amtĕnar bisa dilěpas kalawan hormat atawa ditĕtĕpkeun djaadi pagawe Nagara. Lamoen ditĕtĕpkeun dina gawe Nagara bisa meunang