wachtgeld, tapi lamoen dilĕpas kalayan hormat sarta tatjan tjoekoep waktoena meunang pangsioen, ngan bisa meunang ondĕrstand bae. Ari nĕtĕpkeun gĕdena eta onderstand toeroet atoeran noe geus kasĕboet di loehoer.
Lamoen sanggeus dipariksa tetela kasalahanana, eta amtĕnar teh dilĕpas teu kalayan hormat sarta teu boga hak meunang onderstand. Aja oge amtĕnar noe dilĕpas kalayan pĕrdjandjian, nja eta dilĕpasna teh kakara ditĕtĕpkeun kalayan hormat atawa hĕnteuna sanggeus rengse papariksaanana. Dina Bijblad No. 6123 ditĕrangkeun jen atoeran pikeun anoe dilĕpas kitu teh ajana dina Bijblad No. 5869.
Randana amtĕnar Priboemi tjarang pisan noe meunang onderstand, sabab anoe meunang onderstand teh ngan oeroet padmi boepati djeung sawatara randa amtĕnar sedjen bae. Ari loeloegoena mah nja eta sabab onderstand teh, ngan saoekoer koernia Pangagoeng, djadi ngan dipaparinkeun pikeun noeloeng randa menak atawa patali djeung kapĕrloean sedjen bae (kapĕrloean poelitik). Djeung noe meunang onderstand teh randa amtĕnar anoe geus ngajalankeun dinĕs geus tiloe poeloeh tahoen kalayan satia toehoena, sanadjan lain menak oge asal miskin bae. Randa prijaji anoe dikawinana sanggeusna eureun tina pagaweanana, teu bisa meunang onderstand.
Dina Bijblad No. 11230 aja atoeran pikeun maparin onderstand ka anak-pamadjikan amtĕnar Priboemi (boh anoe digawe tĕtĕp boh noe digawe pikeun sawatara waktoe) noe maot keur wakoe ngajalankeun kawadjibanana atawa lantaran pagaweanana, misalna: keur nangkĕp ditĕwĕk koe pĕndjahat atawa naon bae, djeung noe maot lantaran ngajalankeun dinĕs anoe bahla. Ari ngitoengna eta onderstand sabisa-bisa noeroetkeun anggĕr-anggĕr dina staatsblad 1921 No. 10, nja eta noe dipĕrtelakeun dina artikĕl 8, alinia 3. Berendelana tingalakan bae dina sĕtatna di handap.
Oepama: aja hidji prijaji maot sarta keurna aja dikieuna teh gadjihna noe panggĕde-gĕdena f 25, noeroetkeun sĕtat mah onderstand randana teh f 250 satahoen djadi dina saboelan-saboelanna f 20,83. Tapi lantaran onderstand teu menang leuwih tina saparoena gadjih, djadi onderstand randa eta prijaji teh lain f 20,83 tapi f 12,50 saboelan. Ieu tjonto pikeun randa amtĕnar noe digawena pikeun sawatara waktoe. Ari pikeun randa prijaji tĕtĕp mah eta onderstand ditambah satĕngahna