Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/155

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pangsioen salakina, oepama ditinggalkeun maot sanggeus salakina geus eureun kalawan pangsioen.

 Djeungna deui atoeran anoe kaoeni dina staatsblad 1921 No. 310, nja eta atoeran-atoeran pikeun nambahan onderstand (bangsa Walanda) 40% lobana, didjalankeun oge pikeun maparin onderstand ka anak-pamadjikan prijaji Priboemi anoe meunang katjilakaan dina waktoe ngadjalankeun kawadjibanana atawa keur dina dinĕs.

Gadjih noe panggědena noe
katarima koe prijaji keur hiroep
Gědena onderstand
pikeun randana dina
satahoen
f 2000 atawa leuwih
f 1500 tapi koerang ti f 2000
f 1000 f 1500
f 800 f 1000
f 600 f 800
f 400 f 700
f 300 f 400
f 200 f 300
f 150 f 200
f 100 f 150
koerang tina f 100
f 1500.
f 1400.
f 1200.
f 1000.
f 850.
f 750.
f 650.
f 550.
f 450.
f 350.
f 250.

 Ari njoehoenkeunana onderstand nja eta ka Kangdjĕng Toean Directeur Financiën dina kĕrtas biasa bae, ĕntong dina segěl, asal dibarĕngan koe salinan-salinan bisloeit djeung „Staat van Dienst".

 Sadjabana tina atoeran anoe geus ditĕrangkeun di loehoer, aja deui atoeran. pikeun maparin onderstand minangka pangsioen amtěnar noe njěkěl gawe Nagara pikeun sawatara waktee anoe geus dieureunkeun tina pagaweanana; eta atoeran ajana dina Bijblad No. 8178.

 Eta atoeran meh teu aja bedana djeung atoeran pikeun amtěnar noe njěkěl pagawean tětěp, těgěsna kieu: amtěnar pikeun sawatara waktoe bisa meunang onderstand lamoen amtěnar njěkěl pagawean tětěp noe saroea halna bisa meunang onderstand. Ngan bedana teh dina doea pasal bae nja eta:

 Kahidji, amtěnar tětěp bisa meunang pangsioen lamoen sang-

— 122 —