Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/156

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

geus ngajalankeun dinĕs sapoeloeh tahoen, dilĕpas lantaran koerang tjakep; djeung kadoea eta amtĕnar bisa meunang pangsioen lamoen badanna atawa pikiranana tjatjad sanggeus boga dinĕs lima tahoen. Pikeun amtĕnar anoe pikeun sawatara waktoe bae mah ieu atoeran teu dipake; eta amtĕnar teu bisa menang onderstand.

 Tadi di loehoer geus ditĕrangkeun jen amtĕnar pikeun sawatara waktoe mah bisa meunang onderstand teh sanggeus boga dinĕs tiloe poeloeh tahoen. Koemaha oepama aja amtĕnar pikeun sawatara waktoe anoe dieureunkeun mameh dinĕs tjoekoep tiloe poeloeh tahoen, naha bisa oge meunang onderstand?

 Pangaoegoeng geus ngadamĕl patokan kieu: dimana aja amtĕnar sawatara waktoe dieureunkeun koe lantaran gĕring, bisa menang onderstand, lamoen dinĕsna geus tiloe parapatan tina tiloe poeloeh tahoen sarta gĕringna tea lain lantaran koe kakolotan. Nja kitoe deui oepama lantaran eta pagawean atawa pangkat amtĕnar tea ditjaboĕt. Gĕdena eta onderstand opat pĕrlimana pangsioen, noe bisa katarima koe amtĕnar tĕtĕp anoe kitoe halna.

 Hasilna: hidji amtĕnar tĕtĕp noe dieureunkeun tina pagaweana sanggeus boga dinĕs 25 tahoen, meunang pangsioen ƒ 50.— saboelan. Lamoen eta amtĕnar teh amtĕnar pikeun sawatara waktœ, onderstandna opat pĕrlimana tina ƒ 50.—, djadi ƒ 40.—.

 Amtĕnar anoe sanggeusna digawe pikeun sawatara waktoe, toeloej diangkat djadi amtĕnar tĕtĕp bisa meunang pangsioen. Lamoen dinĕsna dina pagawean noe tĕtĕp geus lima tahoen, atawa meunang onderstand men kurang tina lima tahoen djadi amtĕnar tĕtĕp.

 Ari pikeun pangsioen mah noe diitoeng teh ngan dinĕs noe tĕtĕp bae, dinĕs dina pagawean pikeun sawatara waktoe mah teu diĕtoeng. Djadi lamoen aja hidji amtĕnar noe, dinĕsna dina pagawean pikeun sawatara waktoe sapoeloeh tahoen sarta dina pagawean tĕtĕp lima tahoen misalna, tĕroes njoehoerkeun eureun, anoe diasoepekeun pikeun ngitoeng pangsioen teh ngan dinĕs dina pagawean tĕtĕp bae, nja eta lima tahoen tea. Tapi lamoen njoehoerkeun onderstand diĕtoeng kabeĕh; ari ngĕtoengna nja tjara tadi di loehoer bae: sapoeloeh tahoen dina pagawean pikeun sawatara waktœ djeung lima tahoen dina pagawean tĕtĕp, djadi djoemlah dinĕs 15 tahoen. Oepama bae eta amtĕnar teh pimeunangneun pangsioen dina dinĕs 15 tahoen teh ƒ 50.—, lamoen

- 123 -