Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ti mimitina dines djadi amtenar tĕtĕp, ajeuna meunang onder­stand opat perlimana tina f 50.— , djadi f 40.— saboelan.

b. BURGERLIJKE STAND PRIBOEMI

Anoe disĕboet Rĕgistĕr Burgerlijke Stand teh nja eta rĕgistĕr anoe nĕrangkeun kaajaanana rajat, saperti tina liai: ngadjoeroe, paeh, laki-rabi djst. Di dieu, di oerang, cli Hindia, ajana rĕgistĕr Burgerlijke Stand teh mimiti ti taoen 1828 sarta noeroetkeun atoeran Burgerlijke Stand anoe dilampahkeun di Eropa. Ari di Eropa didjalankeunana Burgerlijke Stand teh ti waktoe Kesĕr Napoleon Boneparte dikendangkeun ka Poelo St. Helena; djadi mimitina dina taoen Masehi sarewoe dalapan ratoes leuwih saeu­ tik. Ari tadina mah — nja kitoe deui di oerang satatjanna taoen 3828 — tjatĕtan kaajaan rajat teh babakoena ngan beunang mĕtikan tina katerangan pastoer-pastoer, domeni atawa zendeling bae, anoe ngoeroeskeun agama Nasarani, djeung beunang mĕtikan tina katĕrangan-katĕranganana pakoentjen pakoeboeranpakoeboeran bae, tapi kitoe oge woengkoel pikeun djalma noe agama Nasarani.

Ari di oerang, di Hindia, dina taoen 1828 teh — ilikan Staat­ sblad 1828 No. 50 — mimiti diajakeun règlement tina hal ngoeroes register Burgerlijke Stand pikeun oerang Eropa djeung noe disaroeakeun djeung eta, sarta sakoemaha anoe kaoeni dina artikel 4 djeung 5 dina Burgerlijk Wetboek kakara diajaan atoeran tina hal ngadjalankeun Burgerlijke Stand. Atoeran anoe kaoeni dina Staatsblad 1828 No. 50 sakoemaha anoe geus kaseboet di loe­ hoer, geus dirobah koe atoeran anoe kaoeni dina Staatsblad 1849 No. 25 anoe ajeuna geus dirobah-robali deui sababaraha kali.

Noeroetkeun Staatsblad anoe kasĕboet pangpandeurina, anoe kawĕngkoe kog oeroesan Burgerlijke Stand teh, woengkoel bang­sa Eropa djeung anoe disaroeakeun dieunt? eta bangsa bae.

Ti taoen 1840 Kristĕn bangsa Priboemi anoe araja di Depok djeung di Toegoe nja kitoe deui anoe tjaritjing di kapoeloan Maloekoe, mimiti kawĕngkoe koe sabagian atoeran Burgerlijke Stand; nja eta: dimana aja noe ngadjoeroe atawa paeh teh koedoe ditoeliskeun dina rĕgistĕr anoe geus dibalcoekeun. Mimiti ti taoen 1865 kakara didjalankeun ka sakabeh golongan Priboemi Kristĕn di sakoeliah Hindia, sapĕrti: Moentilan, Modjowarno djst Kapala gewest djeung kapala afdeeling diwĕnangkeun mariksa

— 124 —