Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/158

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

djalma-djalma anoe diwadjibkeun koedoe ngoeroes djeung ngeusian rĕgistĕr-rĕgistĕr: kalahiran, laki-rabi, pĕpĕgatan djeung paehna Priboemi Kristen anoe geus koemboeh djadi salĕmboer atawa djadi sadesa.

Ari pikeun sawatara golongan Priboemi di Poelo Djawa djeung Madoera anoe hĕnteu kabawah koe Radja-radja Priboemi, dina taoen 1920 kakara diajaan pĕrtelaan tina hal ngoeroesna rĕgistĕr Burgerlijke Stand — ilikan Staatsblad 1920 No. 751 djeung robahan-robahanana anoe kaoeni dina Staatsblad 1926 No. 513 djeung 1927 No. 563 — Ari didjalankeunana ieu atoeran mimi­ tina ti tanggal 1 Januari 1928.

Demi oerang Priboemi anoe koedoe diasoepkeun kana rĕgistĕr Burgerlijke Stand teh, nja eta golongan:

  1. anoe boga titĕl Raden djeung saloehoereunana;
  2. prijaji-prijaji anoe gadjihna saboelan f 100.— djeung noe leuwih ti sakitoe, nja kitoe deui pikeun noe parangsioen;
  3. opsir-opsir balad daratan, sanadjan geus pangsioen;
  4. oerang Priboemi Kristĕn;
  5. oerang Priboemi anoe kawĕngkoe atawa anoe menta diwĕngkoe koe hoekoem bangsa Eropa tina hal oeroesan Nagara;
  6. toeroenan-toeroenanana djalma-djalma anoe kaseboet di loe­ hoer kabeh noe pantjĕr ti lalaki (artikĕl 1 alinéa 1).

Pagawe anoe diwadjibkeun njĕkel rĕgistĕr Burgerlijke Stand, diseboetna ambtenaar Burgerlijke Stand. Noeroetkeun artikel 2 dina atoeran anoe kasĕboet bieu, moenggoehing pikeun di tanahtanah Goepĕrnĕmen mah anoe djadi ambtenaar Burgerlijke Stand teh — lamoen di eta tĕmpat aja regentschapssecretaris — regentschapssecretaris, atawa mantri kaboepaten. Dĕmi pikeun di tanah-tanah karadjaan Djawa, lantaran djoemlahna djaima anoe kabawah koe Goepĕrĕmen ngan saeutik, anoe ngadjalankeun pa­gawean ambtenaar Burgerlijke Stand teh biasana kapala gewest sok nimbalan adjoen hoofddjaksa atawa adjoen djaksa.

Kadjaba eta di sawatara tempat anoe geus tetela aja golongan-golongan rajat anoe ngarasa pĕrloe boga ambtenaar Bur­gerlijke Stand anoe ngabakoe, kajaning Kristĕn-kristĕn di Depok, Toegoe djeung Modjowarno, kapala gewest nja ngangkat pagawe Nagara pikeun djadi ambtenaar Burgerlijke Stand anoe bakoe sarta ditangtoekeun wĕwĕngkonna. Ambtenaar Burgerlijke Stand sapĕrti noe kasĕboet bieu, diwadjibkeun koedoe ngadja­

lankeun pagaweanana ka sakabeh golongan oerang Priboemi

— 125 —