anoe pada kawĕngkoe koe atoeran Burgerlijke Stand; djadi lainngan woengkoel pikeun kapĕrloean Priboemi Kristĕn anoe boga kapërloean tea bae. Ambtenaar-ambtenaar Burgerlijke Stand anoe sedjen hĕnteu meunang miloe-miloe kana kawadjibanana ambtetenaar Burgerlijke Stand bakoe.
Dĕmi pagaweanana ambtenaar Burgerlijke Stand anoe loemrah (gewoon ambtenaar van den Burgerlijke Stand), dimana eta ambtenaar teh noedjoe halangan, oepamana lantaran gĕring, riweuh koe pagawean Nagara djst., pagaweanana tea koedos dipigawe koe noe sedjen. Eta sababna, noe matak kapala gewest ngangkat pagawe Nagara noe sedjen kana ambtenaar Burger lijke Stand loear biasa (buitengewoon ambtenaar van den Burgerlijken Stand), anoe diwadjibkeun koedoe ngadjalankeun pagawean ambtenaar Burgerlijke Stand bakoe salilana aja halangan.
Sabĕnĕrna Burgerlijke Stand pikeun oerang Priboemi sakoe maha anoe kasĕboet cli loehoer teh, djaoeh keneh pisan ari kana sampoerna mah, lantaran anoe diajakeun ajeuna kakara tiloe roepa rĕgistĕr, nja eta: rĕgistĕr kalahiran, rĕgistĕr milih ngaran djeung rĕgistĕr paeh. Djadi rĕgistĕr laki-rabi djeung pepegatan mah ajeuna tatjan aja. Pamarentah masih keur nimbang-nimbang keneh koemaha ngatoerna register noe doea roe pa deui tea, lantaran ngemoetkeun kana kawĕnanganana njandocng pikeun dina agama Islam.
Rĕgistĕr kalahiran djeung rĕgistĕr paeh, njieunna koedoe rangkĕp doea.
Kaajanana rĕgistĕr Burgerlijke Stand pikeun oerang Priboemi anoe kaseboet di loelioer, beda djeung register Burgerlijke Stand pikeun oerang Eropa; ari rĕgistĕr Burgerlijke Stand Priboemi mah hidji setat kosong, anoe geus ditĕtĕpkeun koe Directeur Djoestisi. Djadi dimana oerang arek njieun akte teh ngan kari ngeusian kolom-kolomna bae noeroetkeun pananja-pananja noe aja dina kolom hareup. Ngeusianana koedoe koe basa Malajoe sarta ditoelis koe aksara Laten. Sakentjaeun eta sĕtat aja noe lowongan saeutik, hĕnteu ditoelisan, nja eta pikeun njadiaan bisi aja kasalahan, robahan² atawa tambahan toelisan dina rĕgistĕr, lantaran hal eta sakabeftna koedoe ditanda koe noe lapor tea, saksi-saksina, nja kitoe deui ambtenaar Burgerlijke Stand.
Eta rĕgistĕr samemehna dipake, lambar kahidji djeung panoe-