Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/160

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

toepna koedoe ditanda koe boepati, ari lambaran-lambaran sedjen mah tjoekoep koe diparap bae; pikeun di tanah-tanah karadjaan ditandana atawa diparapna teh koedoe koe kapala afdeeiing — ilikan artikĕl 54—. Ambtenaar-ambtenaar Burgerlijke Stand ngeusianana eta kolom-kolom teh koedoe parele, poegoeh entepseureuhna teu beunang loeloentjatan.

Dina akte koedoe disĕboetkeun ngaran keur leutik djeung ngaian toeroenan noeroetkeun sakoemaha anoe geus ditangtoekeun koe atoeran Burgerlijke Stand; dimana eta djĕlĕma teu boga ngaran toeroenan, sawoedoena koedoe ngaran anoe geus nĕlah.

Anoe beunang dipake saksi koedoe lalaki anoe oemoerna geus salikoer taoen atawa leuwih.

Samemehna eta akte ditekĕn, koedoe dibatja heula koe amb­tenaar Burgerlijke Stand di haveupeun noe lapor tea djeung liareupeun saksi-saksina. Lamoen eta djalma henteu ngartieun ba­sa Mala joe, koedoe ditĕrangkeun koe basana; dimana ambtenaar Burgerlijke Stand henteu bisaeun kana basana eta djalma, meu­ nang make djoeroebasa; sanggeusna kitoe kakara eta akte teh beunang ditanda koe maranehna, nja kitoe deui koe ambtenaar Burgerlijke Stand. Lamoen anoe lapor tea atawa saksi-saksina aja anoe teu bisaeun miloe nanda, koedoe ditĕrangkeun naon sababna, oepamana: lantaran teu ngarti kana aksara tea, lan­taran leungeunna teu beunang dipake noelis tea djst.

Saban toetoep taoen eta rĕgistĕr teh koedoe ditoetoep, djeung dina samemehna toetoep taoen koedoe geus sadia register anjar.

Sanggeusna saboelan ti sanggeusna ditoetoep, register noe rangkĕp doea tea, rangkëpanana koedoe dikirimkeun ka kantor griffier Landraad. Hoofddjaksa atawa djaksa diwadjibkeun kosdoe nitenan eta registĕr-rĕgistĕr tea, sarta koedoe njieun procesverbaalna tina hal anoe kanjahoan di djĕro 6 boelan dina awal taoen. Ari rangkepan noe hidji deui tea nja kitoe deui rĕgistĕr hal milih ngaran koedoe diampihan dina archiefna ambtenaar Burgerlijke Stand. Lamoen ambtenaar Burgerlijke Stand teh sakantor djeung griffier Landraad, sanggeusna eta rĕgistĕr tea dipariksa koe hoofddjaksa atawa djaksa, kapala gewest koedoe gadawoehan njimpen eta rĕgistĕr² di tĕmpat sedjen anoe geus ditangtoekeun. Rĕgistĕr Burgerlijke Stand teu meunang dibawa tina tĕmpat panjimpĕnanana, anging lamoen dipoendoet koe pangadilan atawa lamoen aja kaperloean sapĕrti anoe geus

— 127 —