Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/166

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

joeroe di imah batoer, anoe koedoe ngalaporkeun teh djalma anoe boga imah tea.

Lamoen aja boedak didjoeroekeun, di djĕro sapoeloeh poë koe­doe geus diiaporkeun; tempo anoe 10 poë teh meunang ditambahan deui, tapi hĕnteu meunang leuwih ti 2 boelan, nja eta oepama tĕmpat didjoeroe'keunana eta orok ka tĕmpat tjitjingna ambtenaar Burgerlijke Stand tea koedoa njabrang laoetan atawa djalan anoe koedoe diliwatan tea roeksak nĕpi ka teu bisa liwat ka dinja, atawa lantaran hĕnteu aja toetoempakan. Di­ mana geus liwat ti 2 boelan, ambtenaar Burgerlijke Stand hen­teu meunang njieun akte kalahiranana eta boedak; rĕgistĕrna koedoe dilowongkeun sarta noenggoe koemaha poetoesan Landraad. Oepama aja kadjadian kitoe rĕgistĕrna tea koedoe dibĕnĕrkeun. Panoehoen pikeun menërkeun rĕgistĕr tea koedoe ditoedjoelkeun ka Landraad anoe ngabawah tĕmpat ajana rĕgistĕr tea. Engke dimana Landraad geus ngadangoe pihatoerna djalma anoe boga kapĕrloean, tangtoe bakal maparin poetoesan, sarta poetoesanana teu beunang dilawan deui.

Noeroetkeun anoe kaoeni dina artikel 49 napi ka sarta artikel 52, ambtenaar Burgerlijke Stand koedoe tĕroes ngadjalankeun eta poetoesan Landraad. Tah kitoe sababna anoe matak lamoen aja djalma anoe ĕlat ngalaporkeunana boedak noe di­djoeroekeun nĕpi ka liwat ti doea boelan ti poëan didjoeroekeunana eta orok, sok disina madĕp Landraad teh. Ambtenaar Bur­gerlijke Stand koedoe ngalaporkeun hal ieu ka hoofddjaksa ata­wa djaksa.

Wawangĕnan pikeun njieun akte kalahiran saroaa bae djeung wawangĕnan njieun akte tilar doenja.

Pikeun baroedak anak anoe hĕnteu kakoeroeng koe tikah dina aktena hĕnteu meunang make ngaran bapana kadjaba lamoen diakoe koe bapana.

Pikeun pĕrtelaan kalahiran lain ngan djamna didjoeroekeunana eta boedak tea bae, tapi wantjina oge koedoe ditĕrangkeun, beurang-peutingna atawa isoek-sorena.

*
**

Ari gawena akte milih ngaran, nja eta pikeun boedak noe di­djoeroekeun, oepama bapana henteu bogaeun ngaran toeroenan, atawa — lamoen eta boedak anak anoe teu kakoeroeng koe ti­kah koe bapana teu diangkĕn — oepama indoengna hĕnteu bo-

— 131 —