Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/167

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

gaeun ngaran toeroenan. Kawasna ĕnggeus beunang ditangtoe­ keun, dina waktoe ieu atoeran kakara didjalankeun mah, bakal loba djalma anoe ngalaporkeun kalahiran boedak teh barĕng djeung lapor milih ngaran sangkan ditoelis dina rĕgistĕr kala hiran, lantaran waktoe ieu oerang Priboemi tatjan barogaeun ngaran toeroenan Dina akte milih ngaran tea, ngaran-ngaran djalma anoe lalapor katoet saksi-saksina koedoe ditjatĕtkeun, sakoemaha atoeran dina akte kalahiran bae.

Milih hĕnteu meunang sakarĕp-karĕp bae, tĕgĕsna hĕnteu rneunang milih ngaran anoe noeroetkeun tjeuk rasa oerang Priboemi eta teh gĕlaran (titĕl) atawa pangkat. Dimaksana aja djalma anoe keukeuh milih ngaran anoe boga harti kitoe, samemeh akteaia tea didjieun, ambtenaar Burgerlijke Stand koedoe ngalaporkeun heula hal ieu ka boepati. Koe boepati akte ganti ngaran djeung kalahiran tea ditahan heula nëpi ka datangna poetoesan ti Goepĕrnoer Djendral. Ari pëtana boepati koedoe ngirimkeun sakabeh soerat-soerat anoe patali djeung eta oeroesan ka kapala gewest, sarta koe kapala gewest koedoe diteroeskeun ku Goepĕrnoar Djendral.

Anoe djadi boepati teu meunang milih ngaran toeroenan, la­moen tatjan meunang paidin Goepernoer Djendral.

Ngaran-ngaran toeroenan anoe geus ditoelis dina rĕgistĕr Bur­gerlijke Stand hĕnteu meunang diganti, anging lamoen aja pau-.in Goepĕrnoer Djendral; ngan ngaran boedak (leutik) anoe beunang diganti sakarĕp oerang teh, kitoe oge dina rek ngagantina tea koedoe lapor heula ka ambtenaar Burgerlijke Stand. Eta ambte­naar diwadjibkeun koedoe njatĕtkeun gantina ngaran leutik tea dina sisina akte kalahiran. Baroedak anoe tatjan akil baleg, hĕn­teu meunang menta diganti ngaran, lamoen pamentana tea hĕn­teu kalawan pitoeloengna djalma anoe sah djadi walina.

***

Dĕmi anoe diwadjibkeun koedoe ngalaporkeun anoe paeh, nja eta djalma anoe matoeh di imah tĕmpat paehna anoe dilaporkeun tea; lamoen di dinja euweuh djalma, anoe koedoe ngalaporkeun teh kapala kampoeng, loerah atawa wijkmeester.

Lamoen anoe paeh teh imah-imahna di loeareun wĕwĕngkon ambtenaar Burgerlijke Stand anoe dilaporan tea, pagawe^ anoe kasĕboet tadi koedoe ngirimkeun petikan rĕgistĕr anoe dieusi akte paehna djalma anoe tadi tea ka ambtenaar Burgerlijke Stand anoe

— 132 —