Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/168

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngabawah tĕmpat padoemoekanana eta djalma, sangkan di dinja oge diasoepkeun kana rĕgistĕr.

Pikeun orok noe paeh samemeh oemoer tiloe poë, hĕnteu pĕrloe aja aktena, kadjaba lamoen dina samemehna pach geus dilaporkeun kealahiranana djeung geus didjieun aktena. Oepama tatjan aja akte kalahiranana, dina rĕgistĕr teh tjoekoep koe disĕboetkeun jen eta boedak geus paeh ti barang dilahirkeun. Oepama aja boedak anoe paeh djeung oemoerna geus leuwih ti 3 poë. sarta kalahiranana tea tatjan dilaporkeun, ambtenaar Burgerlijke Stand njieunna akte teh koedoe doea roepa, nja eta akte lahir djeung akte paeh.

***

Katĕrangan-katĕrangan anoe geus didadarkeun di loehoer teh beunang mĕtik, ditjokot sakoer anoe pĕrloe bae. Oepama hajang leuwih tĕrang mah koedoe maratja: „Beberapa nasihat bagi ambtenaar jang diperintahkan memegang register Burgerlijke Stand oentoek beberapa golongan ra‘jat Boemipvoetera dipoelau Djawa dan Madoera, jang ta’ dibawah perintah Zelfbestuur”, beunang Departement van Justitie.

c. ATOERAN MILIH LID RAAD KABOEPATEN
(STAATSBLAD 1924 No. 81). ¹)[1]

Lid-lid Raad Kaboepaten dipilihna hénten torodjogan koe rajat, tapi kee sawatara wawakilna. Eta wawakil disĕboetna toekang milih atawa „kiesman”, anoe samemehna koedoe dipilih heula koe dialma-dijalma di desa-desana.

Djadi atoeran pilihan teh aja 2 panta atawa 2 roepa nja eta:
1e. pilihan kiesman, noe koedoe diajakeun di saban-saban desa,
2e. pilihan lid Raad Kaboenaten di saban-saban district.

Anoe milihna nja eta sakabeh kiesman noe dipilih di desa-desa sadjĕro district eta.

Anoe boga hak milih kiesman teh nja eta bangsa Priboemi sapangeusi kaboepaten, anoe oemoerna kira-kira 21 taoen ka loehoer sarta:
1e. noe boga hak milih Loerah, atawa lamoen di eta tĕmpat teu aja atoeran milih loerah, anoe koe Raad Kaboepaten katimbang pantés miloe milih.

____________

— 133 —
  1. Karangan R. A. A. Wiranatakoesoema. Kangdjeng Boepati Bandoeng, anoe gous dimoeat dina Bestuursgids.