2e. noe keuna aanslag atawa noe koedoe keuna aanslag lamoen teu meunang koepasan tina salah sahidji padjěg Nagara, padjěg provincie atawa padiĕg kaboepaten di tahoen noe geus kaliwat, sapĕrti inkomstenbelasting, persooneele belasting, landrente djeung Inl. verponding.
Djadi gampang pisan mětelna 1 - 1 na noe baroga hak milih teh nja eta:
- tina kohier ink. belasting,
- tina kohier pers. belasting, salianna ti noe kasěboet di noe kasěboet di 1.
- tina kohier landrente salianna ti noe kasěboet di 1, 2;
- tina kohier Inl. Verponding salianna ti noe kasěboet 1, 2, 3;
Sakabeh baroga hak milih, sangggeus diiwalkeun noe oemoerna koerang ti 21 tahoen.
Děmi noe diiwalkeun teu meunang milih nja eta:
- a. noe koe pangadilan ditiaboet hakna milih;
- b. noe koe pangadilan ditjaboet hakna njěkěl babandaan sorangan (noe gelo).
Noe beunang dipilih kana kiesman koedoe njoekoepan sarat-sarat noe kasěboet di handap ieu:
- lalaki;
- manehna sorangan koedoe boga hak milih;
- bisa noelis (aksara Walanda. Soenda, boh Arab);
- oemoerna paling saeutik 25 tahoen;
- matoeh di eta kring (desa).
Di desa, anoe tjatjah diiwana: 500 atawa koerang 1 kiesman; leuwih ti 500 něni ka 1000 - 2 keisman; leuwih ti 1000 něni ka 1500 -3 kiesman; leuwih ti 1500 něni ka 2000 - 4 kiosman; leuwih ti 2000 něpi ka 2500 - 5 kiesman dieun satosloeina ditambahan hidji kiesman dina saban-saban 500 diělěma. 1)
Ari noe djadi Koemisi tina eta nilihan nja eta Ass. Wadana djeung 2 lid noe diangkat koe Wadana.
Atoerananana ieu nilihan koe Staatsblad dipasrahkeun ka desa bae, noeroetkeun tali paranti milih loerah.
1) Pokpokanana art. 8 Staatsblad 1994 No. 81 salah Di dinja teu kasabost reana klesman, di desa anoe tjatjah djiwana djedjeg 1000, 1500, 2000 dj. st.
- 134 -