Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/170

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Ngan bedana, ari dina pilihan ieu mah, noe dipilihna lolobana leuwih ti hidji, tĕrkadang wĕlasan.

 Di Kaboepaten Bandoeng atoeranana milih ditĕtĕpkeun kieu:

 Dina poëan milih, koemisi koedoe lĕngkĕp aja dina tempatna, sarta njajadiakeun kiezerlijst anoe geus didjieun ti awalna, nja kitoe deui kohier-kohier padjĕg inkomsten, personeel, landrente, djeung Ini. verponding. Deui koedoe sadia sagala paparabotan anoe biasa dina milih loerah sapĕrti roeas-roeas, bandera, tjiri rokrak, djeung sadjaba ti eta.

 Sanggeus nepi kana waktoena (djaman) anoe diembarkeun ti awalna, toeloej koemisi ngamimitian mariksa hidji-hidji noe boga hak milih, anoe daratang, bari ditjotjogkeun djeung kiezerslijst

 Koemisi boga hak nolak kana pilihan, sakoer djalma anoe katimbang hĕnteu njoekoepan kana sarat kiezer.

 Saoepama noe daratang koerang ti 1/4 tina kaajaan noe boga hak milih, eta pilihan montong ditĕroeskeun. Dĕmi kiesman kiesman satjoekoepna saharita keneh diangkat koe koemisi bae, sabab dianggapna, djalma-djalma katimbang teu aja hodjah kana ieu atoeran.

 Lamoen tjoekoep toe daratang, mimitina koemisi koedoe nanja ka noe karoempoel saha noe koe maranehna rek didjagokeun, atawa moen taja panoedoehan hade ditanja saha noe daek djadi djago.

 Oepama soewoeng teu aja noe hajang djadi djjago eta pilihan toeloej diboebarkeun. Ari kiesman-kiesman satjoekoepna diangkat koe koemisi.

 Ajeuna oepama aja noe daek djadi djago didinja koemisi koe­ doe mariksa heula naha eta djago-djago teh njoemponan kana sarat-sarat kiesman noe kaseboet di loehoer?

 Lamoen aja sala saoerang anoe koe timbangan koemisi hĕnteu njoekoepan kana sarat eta, koemisi koedoe moetoes harita, sarta nolak eta djalma djadi djago.

 Oepama reana djago koerang ti lobana kiesman noe koedoe dipilih di eta desa, pilihan koedoe ditĕroeskeun. Demi sakoerangna kiesman diangkat koe koemisi.

 Lamoen lobana djago saroea djeung lobana kiesman noe koe­ doe dipilih tea, eta pilihan oge koedoe ditĕroeskeun. Lamoen mangke eta djago-djaga, sanggeus tiloe kali pilihan hĕnteu kapilih kabeh, sakoerangna kiesman diangkat koe koemisi.

 Ajeuna oerang tjarioskeun atoeranana milih. Mimiti koemisi

— 135 —