Beubeunangan eta pilihan keneh koedoe diembarkeun ka noe masih araja, nja kitoe deui ngaran-ngaran kiesman noe diangkat koe koemisi.
Sanggeusna salse milih kiesman, toeloej koemisi njieun procesverbaal tina eta pilihan, anoe tjontona mangke ditetepkeun.
Salinan tina eta proces-verbaal koe koemisi koedoe di sano;gakeun ka Prijaji, anoe mangke bakal diangkat koe Boepati (nja eta Wadana).
Nja kitoe deui sakabeh kiesman anoe kapilih tea, koedoe dibagi salinan proces-verbaal hidji sewang Eta salinan dianggap soerat angkatan djadi kiesman.
Wadana noe kaseboet tadi di loehoer koedoe nsroempoelkeun sakabeh salinan proces-verbaal noe katamna, sarta toeloej njieun lijst kiesman. Parelena noeroetkeun letĕr mimiti tina ngaran-ngaran, njokot tina tjatjarakan Walanda (a, b, c, d,).
**
*
Ajeuna rek diterangkeun pilihan panta kadoea tea, nja eta milih lid Raad Kaboepaten di district-district, dipililina koe sakabeh kiesman noe aja di eta ”kiesdistrict”.
Dĕmi bawahanana kiesdistrict teh saroea djeung bawahan district anjeuna bae.
Dina poe Salasa katiloe boelan Juli Wadana nampa candidaten (soerat ngaran djagoo-djago) ti kiesman-kiesman ti mimiti djam 8 nepi ka djam 1 beurang.
14 poe samemeh tanggal eta nja kitoe deui dina noe kasĕboet. Wadana koedoe ngadjadikeun balangko eta opgave di kantorna. Kiesman-kiesman meunang njarokot eta balannko teu kalawan make bajaran.
Eta opgave dieusianana koe kiesman ngaran djago-djago (piliheun noe koe manehna mangka bakal dipilih).
Reana ngaran teu meunang leuwih ti 2 kalieun reana lid noe koedoe dipilih di eta district.
Eta opgave paling saeutik koedoe ditanda koe 3 kiesman (Hartina saban 3 kiesman njanggakeun 1 opgaye) sarta ditoekangeun tanda tangan koedoe ditoelis ngaranna eta kiesman masing tĕrang.
Saha noe koe manehna rek didjagokeun eta mah koemaha kahajangna bae, tapi sangkan oelah kadjadian mangkena aja lid
- 139-