ditolak koe Raad, pĕrloe kiesman njaho sarat-saratna pikeun djadi lid Raad sapĕrti noe kasĕboet dina art. 6 djeung 7 ordonnantie Regentschap, staatsblad 1924 No. 79.
Art. 6 nangtoekeun jen sarat-saratna teh.
- dibawah parentah Nagara Walanda
- pangeusi Hindia Nederland
- tjitjing (matoeh) di Kaboepaten noe diajakeun pilihan
- oemoer 25 tahoen atawa leuwih
- bisa noelis aksara Walanda
- noe koe Pangadilan teu ditjaboet hakna njĕkĕl babandaan sorangan (noe gelo) atawa ditjaboet sedjen hak atawa kawadjiban
- noe hĕnteu pailit.
Sanggeusna kabeh opgave katampa, toeloej dikoempoelkeun koe Wadana dipariksa, sarta dipĕtel hidji-hidjina ngaran djago.
Saoepama djoemblahna ngaran-ngaran noe didjagokeun tea saroea djeung lid noe koedoe dipilih di eta district, eta djago kabeh dianggap kapilih djadi lid. Lamoenna leuwih tangtoe koe doe aja pilihan, sarta gantjang Wadana njieun hidji lijst ngaran djago-djago tea (candidatenlijst) parelena njokot letter mimiti tina ngaran djago-djago noeroetkeun tjatjarakan Walanda (a,b, c, djeung satoeloejna).
Wadana koedoe ngirimkeun eta lijst, ka saban kiesman nja kitoe deui ka soerat kabar noe dikaloearkeun di eta tempat, atawa diembarkeun noeroetkeun kabiasaan di desa (ditempelkeun di bale desa).
Paling gantiang mangkoek 4 minggoe ti sanggeus eta lijst di kirimkeun, kakara koedoe ngajakeun pilihan lid.
Ti awalna Wadana koedoe netëpkeun poëna milih noe tangtoe sarta tĕroes diembarkeun sakoemaha biasa.
Ka hidji-hidji kiesman, Wadana koedoe ngirimkeun soerat panjaoer datang dina poë noe ditangtoekeun tea.
Koemisi soeara (stemkantoor') dibenoean koe kangdjeng Boe pati, nja eta 1 voorzitter (Wadana) djeung 2 lidna, nja kitoe deui 2 wakilna.
Dĕmi waktoena milih ti poekoel 8 isoek-isoek nĕpi ka poekoel 1 beurang.
Voorzitter Koemisi (wadana) koedoe njadiakeun tĕmpat noe pĕrjoga, pikeun ngajakeun eta pilihan katoet parabotna, nja eta
medja, korsi, hidji atawa 2 lesnar, djeung 1 pĕti soeara, anoe
— 140 —