Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/184

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

sĕlotna doea, hidji ditjekel koe Voorzitter noe hidji deui koe lid koemisi noe pangkolotna.

 Dina poëan milih tea, Voorzitter koedoe njadiakeun kikitir pikeun milih (stembiljet) satjoekoepna anoe dikirimkeun koe Boepati.

 Nja kitoe deui di dinja koedoe aja lijst kiesman-kiesman, djeung lijst djago-djago, sing rea.

 Dina waktoe milih soeara koedoe salawasna rĕmpĕg tiloeanana aja. Saoapama voorzitter aja halangan diwakilan koe lid koemisi anoe dina besluit angkatau kasĕboet pangloehoerna. Oepama aja lid halangan, diganti koe wakilna tea. Hal ieu koedoe ditjatët dina proces-verbaal.

 Tidinja Voorzitter toeloej njĕboetan tina lijst kiesman nomer djeung ngaranna hidji-hidji kiesman sing bĕdas, bari dipasrahan saoerangna hidji balangko kikitir, tĕroes ditjatet dina eta lijst djeung lĕbah ngaranna diparap.

 Demi roepana eta kikitir. ti loearna ditjitak ngaran Raad, didjĕrona nomĕr-nomĕr marele kahandap, ti mimiti 1 nĕpi ka 2 kalieun reana lid noe koedoe dipilih. Toekangeun eta nomer, dilolowangan pikeun noelis ngaran-ngaran djago.

 Sanggeus kiesman nampa kartjis, toeloej dieusian ngaran-ngaran djago noe koe manehna kapilih sarta koedoe njokot tina ngaran-ngaran noe kaseboet dina lijst djago. Noe pangdipikahajang koe manehna koedoe diteundeun pangloehoerna ngadi ka No. 2 No. 3, djeung satĕroesna.

 Oepama kiesman kaliroe noelis, manehna meunang njoehoenkeun deui sakali balangko anjar, asal noe teu djadi tea dipoelangkeun ka Koemisi.

 Oepama aja kiesman waktoe eta aja paoedoer, Voorzitter meu­nang ngidinan ditoeloeng koe noe sedjen ngeusina eta kartjis.

 Sanggeus salse kiesman ngeusianana, toeloej eta kartjis di tilĕp sarta diasoepkeun kana pĕti soeara (stembus) tea.

 Kiesman anoe teu daek ngasoepkeun kartjis kana pĕti. koe­doe moelangkeun eta kartjis ka koemisi. Kiesman anoe ngalanggar atoeran-atoeran noe ditĕtĕpkeun di dieu (ordonnantie) sarta teu ngagoegoe kana panjarek Voorzitter, koedoe dilarang ngasoepkeun kartjis kana pĕti, demi kartjisna koedoe dipoelangkeun deui.

 Salilana pilihan tatjan toetoep, kiesman idin tjitjing di tĕmpat

— 141 —