Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/185

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

pilihan, kadjaba moen manehna ngalanggar kaberesan atawa ngahaiangan kana pagawean noe sedjen.

 Lamoen kiesman ngarasa, jen prak-prakan milih hěnteu noe­roetkeun atoeran-atoeran noe kasěboet dina ordonnance, manehna meunang oendjoekan kapanasaranana anoe koe koemisi ditjatët dina proces-verbaal.

 Voorzitter koemisi dibeuratkeun, soepaja njĕkĕl kaberesan waktoe ngadjalankeun ieu pilihan.

 Djam 1 Voorzitter ngabed-jaan ka kiesman anoe masih araja, bisi aja keneh anoe rek milih, meunang ngasoepkeun kartjisna kana pĕti, sanggeusna toeloej pilihan ditoetoep.

 Sanggeus kitoe toeloej voorzitter njatěpkeun reana. kiesman noe geus miloe milih (noeroetkeun reana kartjis noe geus diasoepkeun kana pěti) nja kitoe deui reana kartjis noe teu toeloes kapake, djeung anoe dipoelangkeun, sarta toeloej diem­ barkeun ka kiesman-kiesman anoe araja keneh. Tidinja toeloej lijst kiesman, anoe tadi dipake njatět sakoer kiesman noe dibere kartjis, koe koemisi di „gezien” sarta diseboetkeun di dinja reana parap anoe ditoelis dina eta lijst.

 Pasosore dina poë harita keneh koemisi koempoel deui, ba­ris nětěpkeun pilihan. Nja kitoe deui kiesman-kiesman meunang njaksikeun.

 Voorzitter moeka pĕti soeara.

 Koemisi milang reana kartjis noe aja di djĕro pěti, toeloej ditjampoer-tjampoer (dikotjok), sanggeusna toeloej dientĕpkeun sarta dinomĕran, 1, 2, 3 djeung sateroesna.

 Samemeh kartjis dibatjaan, koemisi koedoe nětěpkeun heula ,,kiesquotient" nja eta hidji bilangan anoe nĕtĕpkeun jen djago kapilih djadi lid, oepama manehna geus meunang soeara, reana saroea djeung eta bilangan

 Dĕmi nětěpkeunana eta bilangan (kiesquotient) ngitoeng tina reana kartjis dibagi koe reana lid noe koedoe dipilih ditambah hidji, sarta beubeunanganana ditaekkeun kana angka saloehoereunana.

Tjontona:

 District Tjimahi.

Reana lid noe koedoe dipilih ..............................3
Reana kiesman aja..........................................328
Reana kiesman noe datang oepamana ...........300

Reana kartjis noe aja di djero pĕti ................... 208

— 142 —