Djadi kiesquotientna = 298 (3 + 1) = 298: 4 = 74½ ditaekkeun djadi 75.
Hartina salah sahidji djago dianggap kapilih djadi lid, moen geus meunang 75 soeara.
Dimisalkeun ajeuna reana kartjis noe aja dina pěti 280 djadi kiesquotientna = 280 (3 + 1) = 280 : 4 = 70 ditaekkeun djadi 71.
Tidinja Voorzitter moekaan hidji-hidji kartjis mimiti ti noměr 1, djeung satĕroesna, sarta saban kartjis dibatja sing tarik pisan ngaran djago anoe ditoelis pangloehoenra (No. 1).
Koemisi sedjen mariksa kartjis noe geus dibatja koe Voorzitter.
Waktoe matjaan kartjis, koemisi koedoe tělik bisi aja kartjis anoe henteu sah, nja eta:
1e. kartjis palsoe (sedjen ti noe dipasrahkeun ka kiesman);
2e. kartjis noe kosong (teu aja ngaran salah sahidji djago);
3e. kartjis noe ditanda, atawa aja tjitjiren kiesman. Koemisi koedoe saharita keneh moetoes sah henteuna eta kartjis2.
Voorzitter ngembarkeun sabab-sababna eta kartjis dianggap henteu sah, atawa sabab-sababna samar. Noe aja di tempat eta meunang ngilikan eta kartjis. Koemisi njatět eta kadjadian dina proces-verbaal.
Oepama dina kartjis kapariksa aja:
a. ngaran noe lian ti ngaran djago-djago noe kasěboet dina lijst djago-djago;
b. ngaran djago noe geus maot;
C. toelisan noe teu tĕrang noedoehkeun djago mana;
d. ngaran-ngaran djago ditoelisna teu marele ka handap, oepama kadjadian saroepa kitoe eta ngaran-ngan koe koemisi, koedoe dianggap saroea djeung henteu ditoelis dina eta kartjis, hartina eta ngaran henteu sah.
Tjonto-tjonto.
Ieu dioepamakeun lijst djago-djago (candidatenlijst):
| Candidatenlijst | ||
| 1 Abdoel, Raden 2 Basari, Mas 3 Hanapi, Mas 4 Jahja 5 Karmadi 6 Mangoen, Mas |