Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/191

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kikitir
1 Widjaja
2 Kamradi.
3 Basari
4 Mangoen, M.

Ieu dioepamakeun kartjis noe geus meunang ngeusian koe kiesman.

Noe kasěboet No. 1 Widjaja henteu sah, lantaran lian ti noe kasěboet dina lijst djago-djago.

Oepama kadjadian kieu: Voorzitter koedoe matja No. 2 Karmadi

Tapi Karmadi geus maot, toeloej koedoe dibatja No. 3 Basari, tah ieu noe sah teh.

Kikitir
1 Somantri
2 Abdoel, Basari
3 Mangoen, M.

Ieu oge misalna kartjis.

No. 1 hěnteu sah, lantaran teu kaharti noedoehkeun djago mana. No. 2 doeanana henteu sah, lantaran henteu marele kahandap.

No. 3. Mangoen M., sah; ieu noe dibatja koe Voozritter teh.

Kikitir

1 Abdoel, R.
2 Mangoen, M.
3 Jahja
4 ........
Kiesman Tagogäpoe.

Poegoeh běněr tea mah, tapi di handapna make netelakeun koe andjeun (noe kagoengan daměl), atoeh ieu kartjis teh samasakali henteu sah.

Tadi geus ditĕrangkeun jen Voorzitter anoe matjaan kartjis teh, sarta koedoe disěboet sing tarik pisan djago noe ditoelis pangloehoerna (no. 1) sabab saban-saban kartjis dianggap 1 soeara pikeun djago noe kasěboet pangloehoerna tea.

(Kadjaba moen eta ngaran henteu sah, tingali tjonto di loehoer, eta kartjis tangtoe djadi soeara ka noe kasěboet handapeunana).

Eta soeara koedoe ditjatět koe lid koemisi anoe doeaan tea.

Samangsa-mangsa aja djago anoe meunang soeara něpi kana kiesquotient, Voorzitter eureun heula matjana, sabab eta djago geus kapilih djadi lid, toeloej koe Voorzitter diembarkeun. Děmi eta kartjis anoe dibatja pangdieuna (pangpadeurina) dianggap hidji soeara pikeun djago noe kasĕboet handapeun noe kapilih tea.

― 146 ―